make kudu sedih atuh mang
keun weh da nu ngagadai/ngajual na ge teu sediheun ieuh
ari taeun teh mang maman mah...
jeung na deuih make mikiran surga naraka sagala, jiga nu apal wae....
hehe...
 --> JeBe <--




________________________________
From: Gus Maman <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Fri, May 13, 2011 8:17:34 AM
Subject: Bls: [kisunda] Re: Sakali Deui Strategi Kabudayaan - Teori jeung 
common 
sense

  
Ngadadak sedih.
"Tuhan menciptakan gambaran neraka di padang pasir Saudi Arabia dan orang Arab 
menghayalkan sorga dengan sungai yang mengalir di bawahnya, dan Tuhan 
menciptakan gambaran sorga di tanah Sunda Priangan dan orang Sunda menggadaikan 
dan menjualnya ke orang Cina atau orang Arab".

Pada Jum, 13 Mei 2011 06:46 ICT Tubagus Rifki L menulis:

>
>Nyuhun sakedik bae utamina ka kang Rachmat, naon bentena teori sareng common 
>sense?
>
>Leres teu ieu pamikir abdi, ngenaan dina teori invensi tradisi, berarti urang 
>Baduy mah teu makean, teu jiga urang Ciptagelar?
>
>Ongkarana Sangtabean Pukulun Sembah Rahayu
>TiRiLiK
>
>--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>>
>> Hehehe, ukur beda istilah, nu hiji "genuine" noong saujratna, nu hiji deui
>> noong make parabot beunang nginjeum. Hasilna mah eta-eta keneg.
>> 
>> 2011/5/11 MRachmat Rawyani <mrachmatrawyani@...>
>> 
>> >
>> >
>> > Sababaraha postingan si kuring anu anyar di milis ieu ngahaja dialungkeun,
>> > pikeun jadi patokan atawa hiji pakakas pikeun nganalisa hiji pasualan di
>> > masyarakat. Sabab kuring nitenan sababaraha komentar di  milis ieu,
>> > argumen-argumenana lemah sabab teu aya dadasar teori anu ngadukungna. Ngan
>> > sakadar “common sense” wae.
>> >
>> > Ringkesan disertasi Jajang Gunawijaya “Tatali Paranti Karuhun”, hiji kajian
>> > antropologi anu nalungtik hiji komunitas di Gunung Halimun Sukabumi kalayan
>> > make dasar teori Eric Hobsbawn (1992) “invensi tradisi”,  ceuk kuring
>> > mah,paling gampang dina nalungtik kaayaan hiji masyarakat. Geura urang
>> > larapkeun dina pasualan NKRI. Ideologi NKRI  Pancasila,  ceuk cenah,
>> > meunang ngagali Soekarno ti akar budaya (asli) Indonesia. Aya oge  Bhinneka
>> > Tunggal Ika, hiji falsafah anu dicokot ti jaman karuhun Majapahit (kitab
>> > karangan Mpu Tantular). Sakabeh bangsa Indonesia kudu nyaho Pancasila. Hiji
>> > Juni tanggal kalahiran Pancasila. Waktu jaman rezim Soeharto oge, masih
>> > tetep Pancasila sabage ideologi nagara. Supaya leuwih memasyarakat,
>> > diayakeun panataran P4. Tapi jaman Soeharto anu leuwih diramekeun “Hari
>> > Kesaktian Pancasila” (1 Oktober) tibatan “Hari Kalahiran Pancasila” (1
>> > Juni). Tah ieu teh pan hiji cara Invensi Tradisi,  sok sanajan gagal di
>> > tengah jalan.
>> >
>> > Atuh dina kasus Walikota Solo anu nata kota anu tadina semrawut jadi rapih,
>> > anu jadi pasualanana pan perkara kasejahteraan rahayat. Ieu oge hiji 
invensi
>> > tradisi anu tadina masyarakatna sakadaek teu bisa diatur, jadi masyarakat
>> > modern anu kerta raharja. Tah, conto ieu sakadar hiji strategi kabudayaan
>> > dina migeuykeun masyarakat.
>> >
>> > Dina kasus Karajaan Pajajaran, invensi tradisi anu sukses dilaksanakeun
>> > nyaeta dina perkara aya kulawarga Raja Pajajaran anu asup Islam, sahingga
>> > masyarakat Sunda ayeuna (Islam) ngarasa miboga karuhun Raja Pajajaran. Eta
>> > cenah aya Urang Bali anu ngawangun Candi/Pura di Gunung Salak kusabab
>> > Karuhun Raja Pajajaran ngagem Agama Hindu, Ceu kuring mah Urang Sunda moal
>> > narima invensi tradisi ieu.
>> > 
>> >
>> > <mrachmatrawyani@...?subject=Re%3A%20Sakali%20Deui%20Strategi%20Kabudayaan>
>> >
>>
>
>


 

Kirim email ke