Raja Sindhu teh nyaeta Prabu Wridakshatra; waktos Putrana Jayadrata lahir, 
anjeunna nanpi wangsit ghaib, yen eta orok engkena bakal kasohor jago perang, 
tapi engke bakal tiwas nastakana niban lemah. Raja Wridaksatra kacida 
baluwengna saparantos gugah ti na kulemna anjeunna ngucapkeun "kutuk pastu" 
bari teu panjang panggalih deui cenah sing saha wae nu ngagulutukkeun sirah 
Jayadratta nepi ka ngagukitik niban lemah tinangtu sirahna bakal ancur sapada 
harita.

Saparantos ageung Jayadratta, dikirim ka Resi Drona pikeun didik peperangan, 
soal impenan tea tos lami teu kaemut deui; saterasna waktos Jayadrata ningkat 
dewasa lajeng wae ipasrahan Nagari Sindhu; ari Raja Wredaksatra, tapa di 
leuweung, ngisat salira; demi tempatna tapa teh kaleresan caket pisan sareng 
medan Kurusetra nu dianggo perang jurit ku Pandawa sareng Kurawa.

Dina perang poe ka-14na Drona tetep ngatur formasi tarate; tapi konsentrasina 
dipuseurkeun keur ngabela Jayadratta; mu ditempatkeun 18 Km satukangeun Pasukan 
Utama; jadi Pasukan Jayadratta ayeuna mah aya dipangtukangna.

Paukan2 nu ngajaga posisi Jayadrata dipimpin ku Burisrawa, Aswatamma, Karna, 
Salya, Wersasena jeung Kripa. Dihareupeun eta Pasukan , nya Senapati Drona di 
na kareta nu ditarik ku opat kuda beureum kolot; dihareupeun ieu pasukan utama, 
aya deui Pasukan di na formasi PAKIS keur pasukan "Pelopor". Resi Drona sareng 
nganggo raksukan perangna katingal gagah sareng perkasa pisan ( PD tea meureun 
); bgajadikeun Suyudhana beuki yakin perangna bakal meunang.

Paukan pelopor, penggempur digaris kahiji, dipimpin ku Durmashana pasukanana, 
nya eta 1000 kareta perang, saratus barisan gajah perang, terus maju ngagempur 
musuh ( Pandawa ). Bari nyorowok nangtang perang ka Arjuna.Arjuna enggalna tos 
majukeun karetana dugi ka antarana nepi ka katepi ku sapanah.

Tapi can ge neruskeun lampahna nyerang, eta Pasukan geus dipiheulaan ku 
Dananjaya diserang ngadadak ! Eta pasukan sakitu lobana teh, burak barik, 
enggalna Dursasana enggal melaan raina Durmashana; tapi ngan sakedap Dursasana 
ngacir ti na palagan; lantaran saperti ditaranjangan ku Arjuna; kabur ngacir 
bari wirang. Durmashana oge ngacir ka tempat Maha Senapati DRona. Nya ayeuna 
Arjuna tos papayun payun sareng Guruna Maharesi Drona.

HANCA

Kirim email ke