memper memang
--- In [email protected], "Ii Sumirat" <sumirat@...> wrote:
>
> Gugurna Abimanyu putra Arjuna asa mirip2 kisah gugurnya singa Alloh, Hamzah.
> Layona diacak acak ku musuh musuh na.
>
>
>
> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of
> Abbas Amin
> Sent: Friday, May 13, 2011 1:44 PM
> To: kisunda; urangsunda
> Cc: Nurkadi; Ii Sumirat; Sam Soemadipradja; Aldo Desatura â¢
> Subject: [kisunda] Bharata Yudha ka -32
>
>
>
>
>
>
> Arjuna di na poe ka tiluwelas, leres2 merangan Pasukan Trigarta; atuh sadaya
> pasukan Trigarta ledis teu disesakeun hiji2 acan. Memang leres2 Arjuna Sakti
> Mandraguna totosan bojana kulit; estu punjuling ngapapak. Paingan seeur nu
> gimir upami mayunan Arjuna. Tapi saparantos perang ragot kitu, Arjuna duka ku
> naon asa lalewang hate, asa teu puguh rarasaan, teras wae nyarios ka Kresna:"
> Kresna, kunaon ieu parasaan Kaula teu ngareunah rasa pisan...............
> naon nya kila2na ? Boa2 kakang Yudhistira ditangkep ku Guru !?"
>
> Kresna ngahibur Arjuna:"Ah ulah dipikirkeun teuing Permadi, da kapan nu
> ngajaraga DarmaPutra sakitu rongkahna ? Para Pahlawan nu tos pada kasohor
> jago perang ? Piraku sugan gampang katangkep onaman ?"
>
> Arjuna;' Enya ari kituna mah, tapi ieu hate jeung tasa sok tara ngabobodo,
> aya naon yeuh ? Jeungna deui urang ayeuna geus deukeut pisan ka tempat kemah
> ueang, naha Angkawijaya teu kaluar ngabageakeun? Kapan biasana mah manehna
> kaluar ngabageakeun urang tos perang? Ayeuna kamana eta anak Kaua ?"
>
> Arjuna oge ningali pasemon Para prajurit nu sedih kingkin, aya naon yeuh ?
> Teras wae Arjuna nyampeurkeun ka kumpulan prajurit, nu saterasna eta para
> prajurit kalah ka nyarembah, terus careurik ningal Arjuna. Arjuna bingug
> pisan, enggalna wae lebet ka kemah utama, vade nepangan Yudhistira. Barang
> jol katingal pasemon sadaya nu aya di dinya alum pisan ; barang ningal
> Arjuna; Yudhistira enggal muru sareng ngarangkul ka Arjuna, teras nangis
> hujan cimata; Arjuna ngan olohok wae ningal polah Yudhistira sakitu. Bhima
> oge nu sok biasa gagah, tur teu malire naon2 harita mah katingal ngeluk
> tungkul teu kersa ngangkat sareng neuteu p ka Arjuna.
>
> Arjuna teg we yen aya kajadian nu tumiba ka Putrana Abimanyu; enggal wae
> nyarios lantang pisan:"Eh dimana anak Kaula, Abimanyu ? Geuning teu aya di na
> pasamoan ? Naha geus cilaka ? Kunaon atuh diarantep lain ditulungan ?!"
>
> Yudhistira saparantos nyusutan cisoca enggal ngandika:"Duuuh, Rayi Arjuna,
> bener pisan poe ieu teh Abimanyu cilaka; nu salah mah nya Kakang, pek we
> sampeyan rek ngahukum kakang; akang narima."
>
> Arjuna:"Ke, ke, ke, ke heula anan soal kasalahan mah, eta nomer dua; kumaha
> kajadianana nepi ka Abimanyu diarantep kitu? Nepi ka cilaka ?!"
>
> Yudhistira enggal matur:"Yayi mimitina mah, Resi Drona teh biasa we teu make
> formasi naon2; tapi barang yayi maju ka kidul kanggo perang sareng Pasukan
> Trigarta; Guru Drona lajeng ngaluarkeun Formasi "Kembang Tarate" !"
>
> Arjuna:"Kembang Tarate? Atuh bahaya pisan............... tangtu diantara
> Pahlawan sadaya teu aya nu bisa nembus eta Formasi , nya > Hiji2na nu bisa
> ngan ukur anak Kula Abimanyu ! Tapi manehna can kungsi ku Kula diajarkeun
> kumaha kaluar ti na eta kepungan lamun geus dijero; emh tangtu wae atuh i
> Abimanyu cilaka........."
>
> Yudhistira neraskeun cariosna:" Tah akang jeung sakabeh Pasukan maju
> nuturkeun Abimanyu, tapi barang arek asup ka na lolongkrang nu dijieun ku
> Abimanyu, Teu btaho kumaha carana Jayadrata kalawan sigep pisan geus nutup
> eta lolongkrang; atuh Kalua jung sadaya Pahlawan teu bisa asup' malah kadesek
> ku Jayadrata."
>
> Sterasna Yudhistira oge ngajelaskeun mayit Abimanyu nu tos teu dikenal deui
> ku lantaran seueurna senjata nu ngarogahala eta Pamuda..............
>
> Jaya bang winga winga.
>
> Arjuna barang nguping eta carita, langsung wae nyorowok mani lantang:"Ana
> kitu mah pokal nu ngajadikeun Si Abimanyu cilaka teh nyata Jayadrata ! Ulah
> sambat kaniaya,
> isukan beuheung si Jayadrata kudu buntung. lamun Kaula teu bisa maehan
> Jayadrata isukan; Kaula bakal mati labuh geni nuturkeun anak Kaula Abimanyu !"
>
> Harita keneh geledek ting jeleger, nyakseni ka na sumpahna Dananjaya.
>
> Barang ieu warta sumpah Arjuna nepi ka kemah para Kurawa; Jayadrata mani
> sepa; ku reuwas jeung sieun; ari Suyudhana harita keneh pesta. Lantaran
> Perang geus dipastikeun Kurawa nu bakal unggul.
>
> Jayadrata lebet ka kemah suyudhana, teras pamitan bade mulih ka Sindhu.
>
> Enggal Suyudhana ngahalangan Jayadrata bari ngahibur :"Yeuh Jayadrata, urang
> geus pinasti bakal unggul; Pandawa tanpa Arjuna sarua jeung bohong; jadi
> lamun sampean balik ka Sindhu atuh teu jadi tah meunang perang teh. Ku sabab
> eta sumpah Arjuna bakal sah, mun anjeun aya; lamun anjeun euweuh mah, sumpah
> Arjuna teu laku deui; jadi kameunangan urang bakal batal."
>
> Jayadrata:"Enya na kituna mah; tapi sampeyan apal kapan Arjuna sakitu
> saktina; Pasukan Trigarta nu sakitu lobana kapan carem ku Arjuna sorangan !"
>
> Suyudhana:" Ih kieu sobat; sampeyan kudu perang tapi teu meunang maju jurit !"
>
> Jayadratta:"Sampeyan mah resep pisan mere teka teki, naon maksudna ku du milu
> perang, tapi tong maju jurit ? Kapan eta teh sarua wae lain !?"
>
> Suyudhana:"Hehehehe, sampeyan nyaho hiji, tapi teu nyaho kaduana.............
> sampeyan milu [erang hartina sampeyan aya diantara balatentara Kurawa; teu
> milu jurit hartina sing jauh ti pangperangan; jadi aya di medan tapi
> pangtukangna dijaga ku rebuan pahlawan, moal enya wae Si Arjuna gampang nepi
> ka sampeyan, malah Kaula wani ngajamin eta teh mustahil pisan. Jadi tong
> salempang da waktuna ngan ukur POE ISUK ! Bari jeung ngan ukur ka panonpoe
> SURUP ! Teu lila kapan; tah ku gagalna Arjuna, tangtuu manehna bakal labuh
> geni; ngagebruskeun dirina sorangan ka na seuneu; tah kapan gampang urang
> meunang perang !? jeung nu nyababkeun ieu perang meunang, nya jadina sampeyan
> sorangan ! Sampeyan jadi Pahlawan, jadi teu kudu balik ka Sindhu, maning di
> dieu wae."
>
> Akhirna Jayadrata nurut oge da kahartieun pisan untung rugina, jeungna deui
> paeh dimana oge sarua; pan ari di pangperangan mah jadi Ksatriya !
>
> HANCA
>
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/