--- On Sun, 5/15/11, Abbas Amin <[email protected]> wrote:

From: Abbas Amin <[email protected]>
Subject: Bharata Yudha ka-34
To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" 
<[email protected]>
Cc: "Nurkadi" <[email protected]>, "Ii Sumirat" 
<[email protected]>, "Sam Soemadipradja" 
<[email protected]>, "Aldo Desatura ™" <[email protected]>
Date: Sunday, May 15, 2011, 4:43 AM

Barang Arjuna tos patepang sareng Resi Drona, enggal arjuna nyembah ti 
katebihan; nu dibales ku Guru Drona ku ngangkat pananganana , nu hartosna 
masihan restu. Saterasna Arjuna nyarios ka Resi Drona:" Guru, Kula menta idin 
ka Guru, rek males pati ka Jayadrata, mugia Guru kersa masihan jalan ka Kaula."

Resi Drona ngawangsulan:"Arjuna, enya bareto mah sampeyan teh murid kakasih 
Kaula; tapi di na waktu ieu Kaula jadi Senapati Agung sagemblengna Pasukan 
Astina; jadi lamun sampean nyisikudi hiji anggota pasukan, kapaksa sampeyan 
kudu ngaliwatan heula Kaula,
teu bisa kitu bae."

Arjuna cong nyembah sakali deui:"Punten guru, kapaksa
 Kaula rek nyerang ka sampeyan, lain Kula culangung, tapi kapaksa."

Drona:"Sok we teu naon naon.......................

Der wae Arjuna manah ka
 Drona, nu diba;es ku Resi Drona, duanana sami2 tapis, sami2 jago manah; nu 
sanes mah teu wantuneub piilueun , sieun kabarerangan; da moal mungkin 
ngabantuan, malah mah matak cilaka ku polah sorangan.

Resi Drona ngaluarkeun panah geni; kaluar seuneu ngabebela ka Arjuna; tapi 
saharita keneh Arjuna mentangkeun jamparing kaluar cai nu ngabanjuran eta 
seuneu; akhirna duanana terus silih panah ngagunakeun panah2 sakti; akhirna 
medan ditempat eta pinuh ku haseup; matak samar nya tetenjoan. Kresna gancang 
mecut kudana nebihan eta tempat, bari nyarios ka Arjuna moal aya gunana perang 
jeung Drona moalaya tungtungna.

Arjuna teras maju deui bade milari Jayadrata; dipayun katingal aya pasukan; nya 
eta nu dipimpin kuKritamarma sareng Sudaksiina; eta pasukan teh maju bari 
salusurakan nyaketan ka Arjuna; teu kanyahoan Dananjaya tos nyerang ti payun; 
ngaluarkeun ratusan panah ka Pasukan nu pangpayunna; atuh seueur prajurit nu 
tariwas; ari Kritamarma sareng Sudaksina teu kungsi nakis2 acan, tos baloboran 
getih taratu kapanahan . Di na sakujur badanna pinuh ku panah Arjuna. Atuh bari 
reuwas jeung sieun Kritamarma sareng Sudaksina ngalacir ngantunkeun palagan; 
atuh pasukanana oge pipilueun kalabur teu kedah dikomando deui ngantunkeun 
Arjuna.

Arjuna teras maju kapayun deui langkung nyaketan tempat Jayadrata.

HANCA

Kirim email ke