Nu ieu rada sesah, nyarioskeunana; tapi bade dicobian wae, manawi ktampi.

Senapati Agung Drona maju ka medan, ngalaksanakeun tugas bade nangkep 
Yudhistira, saparantosna Arjuna lolos, nu memang dihaja, supados anjeunna tiasa 
salse nangkep Yudhistira, da upami aya Arjuna mah pamohalan pisan. Tapi memng 
Para Pahlawan Pandawa sanajan teu aya Arjuna oge, sadayana warani toh pati jiwa 
raga; leres ari kasaktian mah sahandeupan Guru Agung Drona; tapi teu aya hiji 
ge Pahlawan Pandawa nu jicir.

Waktosna Arjunaa majeng kapayun kanggo nelasan Jayadrata; di Medan 
salingkungeun Yudhistira tos dikepung wakul buaya mangap ku Resi Drona miwah 
Pasukanana. Najan Drona mung nyalira teu disarengan ku pahlawan sanesna, tapi 
estu Resi Drona punjuling ngapapak; sadaya pahlawan Pandawa nu wantun maju 
pasti ngan sakedet netra paragat, putus umur.

Ayeunaa nu majeng ngahalaangan ka Senapati Agung Kurawa, nyata Dristadjumna, 
Senapati Agung Pandawa. Dristadjumna teh salian ti ahli panah, oge ahli naek 
Kuda; atuh di naperaang ngalawan Drona tah anjeunna luluncatan, ti na kareta 
teraas ka na Kudana; tos kitu malah naek di na kadalina pisan; jadi rada sesah 
Resi drona manaah ka Dristadjumna; laantaaran kesit pisan luluncatanana; tapi 
akhirna hiji dua panah Drona tos narancep di na jasmani Dristadjumnaa; akhirna 
Dristadjumna kateteran; hiji panah ti Drona nu ketakna lir Bambang Kombayana 
nuju pamuda tos nancep jero pisan ka na dada Dristadjumna; atuh ngaajungkel na 
karetana, kapidara; barang bade ditelasan ku Orona; rikat para pahlawan sanesna 
nulungan Dristadjumna ka kemah tempat istirahat; Satyaki nulungan Dristadjumna 
ku manahan Drona ti gigir.

Enggalna wae Drona sareng Satyaki atos tarung silih panah  ; duanana estu ahli 
panah sareng tukang tarung patutunggalan. Drona ngaraos repot ku Satyaki; 
Satyaaki teras neken posisi Drona. Wah geuningan teu sangka ieu satyaaki sakieu 
gagahna, pantess mun disajarkeun jeung kelas Bhisma, Arjuna, jeung Karna. 
Enyaan jago yeuh Satyaki teh. Kitu gerentes manah Resi Drona.

Perang antawis Resi drona sareng Satyaki, lami oge; tapi sanajan Satyaki memang 
ahli panaah; tapi kawon di naa gentur tapaana ku Resi Drona; Resi Dron mah 
Luhung Elmu Panemu, Jampe Pamke, Aji Jaya Kawijayan; sadayana nyampak; nu mawi 
teu aya katingal cape ataanapi lesu; sabalikna Satyaki, lami2 mah ngaaraoss 
lungsse; eta hartosna kawon di na jaampe pamake.Drona tambah gagah sareng 
galak, ari satyaki; tos lesu pisan. Enggalnaa bae Bhimasena majeng kapayun 
maledog ku hiji gada ka kareta Drona nu burakrakan sapada harita; enggal Bhima 
nyandak satyaki supados istirahat.
Ari Resi Drona ngagentos karetana baari teras nyerang deui; nyaketan ka 
Yudhistira; tapi teras dihalngan ku Pahlawan2 sanesna; nu akhirna jaadi korban 
panaah Bambaang Kombayana/Resi Drona. 

Persis waktuna Satyaki nembe ge istirahat, sami waktosna sareng Brehadrata 
lastari. Kreshna niup Tarompet Pancaadnyaana Kresna; ari arjuna, nuju rusuh 
ngburu waktu teu ngajeleterkeun Gandiwana !?

atuh Yudhistira kaget pisan; e eh ku naon Kresna niup trompet Keong 
Pancadnyana, tapi dibarengan ku ngajeleterna gondewa Arjuna nu kasohor tea ? 
Boa2 Arjuna cilaka yeuh ? Terus Kresna nekad milu perang; padaahaal tos sumpaah 
moal milu perang? aduh bahaya ? Kitu manah Yudhistira. Enggal wae Yudhistira 
miwarang Satyaki nu nuju istirahat supados nyusul Arjuna.Kapan cenah Satyaki 
teh kapercayaan Arjuna? Piraku Arjuna rek diantep ayeuna cilaka ?"


Satyaki nimbalan:"yeu Sang Prabu Yudhistira, naon anu teu dilaakukeun ku 
Satyaki pikeun bebela ka Pandawa ? Tapi di na haal ieu Kaula Yakin, yen Arjuna 
teu naon2; Kula yakin kakuatan Jayadrata sareng Pasukan nu ngabentenganana moal 
aya sapersapuluh kakuatan Arjuna nyorangan, jadi Sang Prabu ulah gimir, ulah 
waswas."

Prabu Yudhistira:"Eh Satyaki, tong ngantep Arjuna sampean, sampean teh sobat 
sajati arjuna; yeuna Arjuna cilaka; gancang geura tulungan. Kaula ngadenge 
jelaspisan Taropet Keong Pancadnyana nu Kresna; tapi teu dibarengan ku 
Jeleterna Gondewa Arjuna ! naon haartina/ Mungkin oge Arjunaa keur dikepung 
wakul buaya maangap; mangkaaning diditu kapaan aya Karna, Aswatama. Kripa jeun 
nu sejenna."

Satyaki:"Tapi samemeh maju ka medan tadi isuk2 Kresna jeung Arjuna tos ngawanti 
wanti ka Kaula supaya ulaah ninggalkeun sampean; jadi lain Kula rek nambalang; 
tapi Kula inget ka na wanti2 et; kalawan Kula oge yakin ka na kagagahan Arjuna."

Yudhistira:"Jung satyaki inidit, diidinan pisan ku Kaula; ieu leuwih penting ti 
batan melaan Kaula ; sok we maju."

Nya atuh ari kitu mah kapaksa Kaula bakal nyusul kaditu, andon doa bae. "Eh 
Bratasena, ulah taledor,jaga Darma Putra."


HANCA

Kirim email ke