Numawi Abah, spekulasi model Harold teh sieun siga spekulasi bakal kajadian lini (gempa) sakitu ritcher di kota anu, anu, jeung anu...anu matak ngagareuwahkeun masyarakat. Memang, boh kiamah atawa gempa, pasti bakal kajadian (kajadian deui keur gempa mah), ngan urang teu terang iraha-irahana.
Sakumaha keur mayunan poean kiamah, anu penting keur mayunan kajadian gempa teh nyaeta kasiapdiagaan cara-cara nyalametkeun diri (evakuasi, berlindung, jst) anu tartib, anu henteu matak ngabalukarkeun korban ku alatan rarusuh atawa tagiwur tea; oge nyieun bangunan anu taat kana kaedah-kaedah mitigasi gempa. Pon kitu deui, keur mayunan dinten kiamah kedah sasayogian sakumaha tos seueur dipedar ku para kiai, ustadz & ajengan2. Ngalungkeun beja anu teu pupuguh dasar jeung konteksna anu matak tagiwur teu puguh warga masyarakat mah teu kudu dilakukeun. manar 2011/5/24 <[email protected]> > > > H.A.M.Sastra ([email protected]) telah mengirim artikel Yahoo! Indonesia > Berita ke Anda > ---------------------------------------------------------- > Pesan pribadi: > > Kapan saur Al Quran oge teu aya makhluk anu diwartosan kana waktosna Kiamat > mah nya..? > > Ramalan Kiamatnya Meleset, Harold Camping Ngumpet - Yahoo! News > > http://id.berita.yahoo.com/ramalan-kiamatnya-meleset-harold-camping-ngumpet-023808195.html > > ============================================================ > Yahoo! Indonesia News - http://id.news.yahoo.com/ > >
