Arjuna ngarao hemeng galih; konentraina rada kaganggu; cek di na lebet 
manhna:"Burisrawa datang ka ieu medan lain karana ditangtang ku Kaula; jeung 
manehna datang lain nangtang Kula; kumahabisana Kaula ayeuna manah Burisrawa ? 
padahal manehna masing tarung jeung Satyaki ? Nurani Kula teu ngidinan, tapi 
eta sobat dalit Kaula, Satyaki arek ditelasan hareupeun Kaula? Wah hese ieu 
masalah teh ?!" Kitu gerentesna Sang Arjuna.

Nuju nimbang2 kitu burudulteh panah ti Jayadrata; atuh terasna Arjuna 
ngalayanan eta serangan. Kresna teras nekn ka Dananjaya, supaya enggal nulungan 
Satyaki, mun diantep matak rugi sarerea. Waktu Arjuna ngalieuk katukang ka 
tempat Satyaki tarung, katingal Satyaki nangkarak bengkang; ditincakan ku 
Burisrawa nu nyepeng pedang diayun ayun bade nigas beuheung Satyaki; rikat ngan 
sakilat Permadi tos ngaleupaskeun jamparing; sieet ceprot eta panah nenggel 
pisan ka na panangan Burisrawa nu nuju ngamngkeun pedang; eta panangan teh 
teras buntung bari teras nyepengan pedang, Burisrawa ngaguling 
tigugulitik.Barang Burisrawa gugah, anjeunna nyorowok ka Arjuna:" Euh sampeyan 
anak Kunti Dewi ? Kaula teu nyangka pisan, panah teh datangna ti sampeyan ? 
Saha nu geus ngajar sampeyan ngalakukeun kalakuan kitu ? Pasti lain ti Guru 
Drona nya ? Ah Arjuna, sampeyan teu bisa nahan diri di na godaan setan; nu sok 
aya di babaturan sampeyan. Pasti sampeyan teh kpangaruhan ku
 Kresna ! Nya Psti pisan ! Da teu mungkin atuh, Dananjaya mah turunan Bangsawan 
ali; moal mungkin ngalakukeun kalakuan kitu patut ! Pasti Kresna nu geus 
mangaruhan sampeyan ! Kula teh keur tarung jeung musuh bubuyutan Kaula; malah 
nusuh TUJUH turunan ieu mah; sampean geus manah ka Kaula teu make ngomong heula 
! atawa mere tanda heula, sampean kapangaruhan ku IBLIS jahat.Sampeyan teh 
golongan Ksatriya nu dipihormat ku sadaya; sadaya pada ngajenan sampeyan, boh 
ku musuh atawa ku sobat sampeyan; ti baheula oge estu sampeyan teh jadi 
pamujian sarerea; tapi ayeuna sampeyan ngalakukeun nu hina pisan, Dananjaya ! 
Mun engke sampeyan balik ka kemah, laporan naon nu bakal ditepikeun ka 
Yudhistira, ngeunaan ieu kajadian !?" Panjang pisan nyeueulanana Burisrawa ka 
Arjuna,bari sakalian ngaweweleh Kresna.

Enggalna wae Arjuna matur:"Burisrawa Pahlawan sepuh, nu diajenan ku sadaya; 
sampeyan memang tos sepuh pisan, toskarahaan, karatan. Nepi ka pikiran sampeyan 
oge jadi karahaan ! ku ngalaklakdasarkeun Kaula jeung Kresna; Kula moal 
cicingeun mun aya babaturan Kula aya nu nyisikudi atawa nyiks hareupeun Kaula ! 
Komo mun geus kapaehan teu daya upaya mah, moal diantep ku Kaula. Kaula mending 
asup naraka, ti batan kudu ngantep sobat Kaula dikakaya saperti kitu ! Satyaki 
datang kadiu, sanggeusna cape perang ragot ngalawan Resi Drona; terus ku 
sampeyan ditangtang, sanggeusna kapaehan jeung teu walakaya ku sampeyan 
dikakaya.Sampean ngajejekan badan Satyaki nuteu walakaya, bari ngamang2 pedang 
! Cing kode Ksatriya nu mana eta teh !? Terus sampeyan pikirkeun, pantes henteu 
ngakaya Abimanyu nu geus jadi layon, bri igel2an lir kalakuan IBLIS ?! Tah 
ayeuna Kaula teh keur ngalaksanakeun sumpah suci Kula nu bakal nulungan sing 
saha wae babaturan Kula, di na jauhna katepi
 ku panah Kula ! Jadi teu wajar sampeyan NGUTUK ka Kaula jeung ka Kresna, bari 
jeung euweuh pertimbangan pisan !"

Burisrawa sajongjongan mah melengek we teu nembalan, teras wae ngajejerkeun 
jamparing, didamel tilam; teras anjeunna calik Yoga di na eta tumpukan panah. 
Ger wae Bala Kurawa/Astina salusurakan, muji ka Burisrawa, bari ngaweweleh ka 
Arjuna.

Arjuna nyarios deui langkung tarik, supados kakuping ku Pasukan2 nu caket ka 
dinya :"Eh Burisrawa, anjeun memang hiji Pahlawan GEDE; Pahlawan nu diajenan ku 
sadayana; nu aya diantara urang sadaya; anjeun ngabantuan ka pihak nu menta 
bantuan ka sampeyan; jadi pilihan ieu risikona kudu ditanggung ku sampeyan."

Burisrawa meleng skedap ka Arjuna; teras masihan tanda satuju ka na cariosan 
Arjuna; teras manggut tanda ngahargaan kayakinan Arjuna, saparantos kitu enggal 
semedi deui.

Dina waktos eta, Satyaki eling ti na kapiuhanana, barng ningali Burisrawa, 
kakeuheul kasebel ngumpul sadaya; ngan sakilat Satyaki muru ka Burisrawa bari 
nyandak pedang kenging mulung nu ngagoler, teu tebih ti dinya; barang caket, 
ngan sakilat.............
ceplas ! bluk wae mastaka Burisrawa niban lemah, beuheungna sapat pisan ditigas 
ku Satyaki. Ieu kajadian teh kacida kilatna, dugi ka Arjuna sareng Kresna teu 
sempet ngahalangan deui.

Atuh mani ngaguruh sora Pasukan Kurawa nu kukulutus, nyarekanan jeung 
nyalahkeun Satyaki. Satyaki teu rengrot2 pda nyarekanan sareng nyindiran kitu, 
malah ngadeg bari nulak cngkeng, teras nyorowok tarik pisan:"Eh Para Pasukan 
Astina ! Tadi Kula geus teu walakaya, malah terus kapaehan pisan............  
ieu musuh Kulawarga Kaula geus ngakaya Kaula, malah rek nigas beuheung Kaula; 
kapan diantep ku arandika sakabeh? Ayeuna Kaula rek males pati ka musuh 
bubuyutan Kaula di na kondisi nu kumaha wae ! Eta bayaran nu PANTES, keur ka 
jelema nu ngakaya jalma nu geus teu walakaya ! Jadi tong nyalahkeun Kaula !"


HANCA
 

 

Kirim email ke