Menyan, salian keur kaperluan ritual, oge mangrupakeun bahan keur industri farmasi jeung parfum. Pernah nempo, dina tayangan TV lembur batur, haseup menyan diasupkeun kana sarung, dipake muput. Tah bisa jadi haseup menyan teh, waktu keur acara ngalarung, salian keur ritual, oge ngarah seungit jeung ngusir reungit.
2011/5/25 Irpan Rispandi <[email protected]> > > > Lamun tujuana mere parab, nya atuh teu kudu meuleum menyan lain? Maraban > mah maraban we, hulu kebo 7 alungkeun. "Yeuh lauk, geura dalahar. Engke > gantian maraneh didahar ku kami" he..he..he.. > > > On 05/25/2011 09:05 AM, mj wrote: > > > > > Kamari teh duka saha nu ngobrol, he love deui. Yen di masyarakat pamayang > (nelayan) aya kabiasaan taunan, mangrupa upacara ngalarung sarupaning hulu > mundink ka laut. Nya tujuanana sangkan bulan-bulan hareup, lauk loba, hasil > ngala lauk mucekil. Pamayang panen. > > Sacara akidah islam ieu musrik. Tapi ke heula, ulah buru-buru masang > vonis. Mun ditoong ku elmuning teuing, meureun perikanan, ngalarung hulu > kebo teh sabenerna mah ngalarung parab. Hulu kebo nu dipiceun ka laut, terus > buruk. Bau buruk kabawa cai laut jadi nyebar, matak ngadatangkeun lauk > dimana mendi. Kusabab kitu, lauk jadi ngumpul di sekitar hulu kebo dilarung. > Jadi pamayang ngala laukna di sekitar eta gampang da lauk loba keur pesta > pora nuang hulu kebo. Ieu sigana leuwih hade ditoong ti jihad kaarifan > lokal. > > Ngan meureun nu katenjo leuwih kandel unsur religi nu sebut we mitisna. > >
