Urang catur deui di Kurusetra, wengi eta perang dikawitan, ku pihak Kurawa; 
Pasukan Kurawa maju ka medan tempur, bari jeung hate pinuh ku rasa hayang males 
pati; lantaran pihak Pandawa curang. Wengi eta di kemah tempatna Pandawa, 
Arjuna parantos lami kulem; lantaran kacapean perang sapoe jeput tadi siamngna; 
kitu dei Pahlawan nu sanesna saperti Bhimasena, Satyaki, Dristadjumna; ampir 
sadaya Pahlawan Pandawa nuju istirahat, karulem.

Atuh Para Senapati nu harita tugas jaga, kacida reuwas, sareng geumpeurna 
ningali Balatentara Kurawa ngajorag ka perkemahan Pandawa.Dipimpin langsung ku 
Maha Senapatina nya eta ResiĀ  Drona. Pasukan peloporna ( garis depan ) tos 
ngambreg ka dinya bari marawa obor. Atuh kapaksa Para Senapati sareng 
Pasukanana ngayakeun perlawanan sabisa bisa,

Atuh apada harita, seueur Senapati lan Prajurit Pandawa tiwas, margi teu siap 
sama sakali. Serangan dadakan tea. Atuh Pasukan Pandawa nya ribut, nya kacow; 
aya oge nu sempet niup tarompet SAYAGA. Seueur nu teu sempet naon2 deui; teras 
lastari bari teu apal naon sababna. Ieu mah serangan dadakan tea; bari 
Pangumumanana ge teu aya antarana; harita diumumkeun harita tos dilaksanakeun ! 
Nya atuh Pasukan Pandawa teh kawas didodoho pisan. Kemah2 Para Pasukan Pandawa 
didarurukan ku Pasukan Kurawa/Astina! Loba Prajurit Pandawa, nu kaget ku 
didurukna kemah; ngagurubug hudang, bari gasak gisik, bingung; ari keplas teh 
beuheungna sapat pisan. Teu apal manehna ku naon sabab2na jeung saha nu 
maehanana ?

Maha Senapati Pandawa Dristadjumna, barang gugah, kagugahkeun ku nu ribut, 
sareng ting jarerit ting cocorowok; enggal bae kaluar; katingal seuneu 
ngabebela dimamana; enggal bae nyandak jamparing sareng gondewana; lumpat 
kaluar bari teu gentos anggoan sama sakali; katingal di payun Pasukan Kurawa 
nuju ngabinasa Pasukan Pandawa. Teu antaparah deui Dristadjumna mentang2keun 
panah ka Pasukan Kurawa; seueur Pasukan Kurawa/Astina nu tiwas. Atuh rada 
malundur ayeuna mah Pasukan Kurawa teh, teu ngambreg teuing.Keur kitu Arjuna 
kaluar, kitu deui Bhimasena, bari nyepeng gada; teras muru ka Pasukan 
Kurawa.Atuh sapada harita puluhan prajurit Astina gemprah diamuk Bhimasena. 
Arjuna mentang2keun jamparing.ratusan prajurit binasa. Pasukan Kurawa barang 
ningal Arjuna, langsung barirat, bari pating corowok jeung baturna:"Mundur ! 
mundur Aladriya Batur ! Tuh tempo Arjuna geus nyaring euy ! tinangtu urang 
sakabeh bakal cilaka ! Gancang lumpat salagi masih bisa mah !"

Pasukan Kurawa nu ayeuna nyerang, nyata Pasukan Pelopor, atawa Pasukan Garis 
Depan tea, maranehna teu nyangka Arjuna bakal gugah ti na kulemna; ti na tadi 
siangna sakitu lamina peperangan/tarung. Nu matak ti tadi warani pisan, tapi 
barang ningal Dananjaya, maranehna asa kabur pangacian; lantaran geus loba 
conto euweuh nu manggapulia ku Arjuna mah. Sieunna para Prajurit Astina lir 
ningal malakal maut atanapi Bhatara Yama.

Keur kitu burudul teh Pasukan Utama Bala Kurawa/Astina. nu dipimpin ku Resi 
Drona; nu teras naros bari sesentak:"Eh prajurit ! Ku naon sampeyan barirat ?!"

"Adduuuh ampun paralun ................ neda pangampura................Maha 
Senapati. Itu Bhatara Yama tos lungsur deui !"

Drona rada bingung, teras nyentak dei:"Naon !? Dedengean teh Bhatara Yama 
turun!?"

Para prajurit ngawalon bari reang:"Hehehehe sumuhun dawuh senapati. Itu Arjuna 
ngamuk !Drona amarah mani tipopolotot:"Hey sakabeh Para Prajurit, di dieu aya 
Kaula, tong gimir ku Arjuna; sok maraju ! Keun Kula nu nyanghareupan Arjuna mah.
Para Prajurit saur 
manuk:"Rampeeessss.................rampeeessssss..................

HANCA

Kirim email ke