"Karukunan", jadi inget kana KKSS, Kerukunan Keluarga Sulawesi Selatan,
wadah pagempungan urang Makasar di pangumbaraan. Uing kungsi sok ngiluan
kana ieu riungan teh. Lain nanaon, resep kana idanganana. Hehehe. Jigana wae
paguyuban urang Sunda ge dina milih basa geus akulturasi jeung budaya
satempat.

Aya pangalaman unik waktu uing milu pesta laut. Disadiakeun asakan keuyeup
harita teh, keuyeup walungan. Ari uing rumasa urang kampung, ti pasisian
Garut kaler, saumur nyunyuhun hulu, can pernah ngahakan keuyeup. Da ceuk
mang Lebe, pamali ngahakan keuyeup teh cenah. Ari harita, ninggali batur
cacaleuakan ngeremus keuyeup bangun nu nikmat. Panasaran, nyokot hiji,
dialak-ilik, naon nu kudu dihakanna, da ranggoas jeung loba buluna. Dibuka
cangkang lebah sungutna, aya nu koneng jujumplukan. Tah ieu meureun yeuh
endogna, ceuk pikir uing teh. Barang diasaan, halah geuning pait, bari
dikepeskeun. Ari balad uing kalah nyakakak nyeungseurikeun. Si horeng nu
konengna teh geuning tai keuyeupna. Geuning dagingna mah nu bodas, kudu
dibongkar heula kabeh cangkangna.

Aya nu perlu diconto ti paguyuban KKSS teh. Sainget sakur urang Makasar nu
ngumbara di hiji kota, maranehna papada apal dimana dumukna balad-baladna,
Najan pajemuhan ukur gapleh jeung arisan, manehna bisa silih talingakeun
jeung balad-baladna.

On Tue, May 31, 2011 at 3:04 PM, Dudi D Dahlan <[email protected]> wrote:

> Para wargi  ngauningakeun :
>
> Urang sunda di Makassar ngadamel paguyuban kanggo silaturahmi batur
> salembur, ieu aya beritana di koran lokal.
> nami paguyuban-na "KUSUMA" Karukunan Urang Sunda MAkassar.
>
> mugia tiasa ngamumule budaya sunda di panyabaan.
>
> Salam
> Dudi DD
> --------------------------------------------------
> Telkom Point Rejeki Tumpah.
> Sekali Libas, Rejeki Tumpah Ruah.
> Kumpulkan Point dan menangkan total hadiah
> milyaran rupiah + hadiah langsung.
> =============================
>  This Email Has been Scan by Antivirus
> =============================
>

Kirim email ke