Suyudhana enggal ngabageakeun Karna; duanna silih rangkul; teras Karna 
matur:"Prabu Anom Suyudhana, dulur Kaula, tadi Kula nempo Gatotkacha anak Bhima 
keur ngamuk ngaruksak Pasukan Astina; naha diantep wae ku Resi Drona ?"

Suyudhana enggal ngalahir :" Tah nya eta pisan naon sababna sampeyan diangkir 
teh, sabab Resi Drona geus "angkat tangan", teu sanggup cenah ngalawan 
Gatotkacha,"

Karna :"E ladalah.............. Sampeyan teh Maha Senapati Kurawa/Astina. Teu 
pantes sampeyan ngomong saperti kitu !"

Drona:"Ke heula anan Karna, ulah so wara nuduh, sampeyan ! Si Gatotkacha teh 
mun beurang mah, teu gagah teu sing, biasa we. Tapi lamun perang peuting 
kasaktiannana bakal naek 10X lipet ! Lain bantrak2eun, tah Kula nyaho sampeyan 
Karna, boga siluman nu opat, nu sok ngabantu lamun sampeyan maju perang; nu 
matak sampeyan ari perang kapan meunang terus ? kitu lain !?"

Sindiran Karna, dilawan ku Drona ku sindiran deui.

Karna:" Ah saenyana mah Kula teh teu kudu ngagunakeun siluman opat ! Da Kula 
sorangan ge mampu naluk2keun nagri mana wae ge ! teu kudu sibantuan ku Siluman. 
Eta mah ku sabab Kula hayang gancang we; da ari ku sorangan mah sok rada lila."

Drona:"Euh kitu. tah ku sabab kitu sampeyan hiji2na Pahlawan nubisa ngahalangan 
kiprahna Gatotkacha. Kula Senapati Agung, marentah ka sampeyan kudu ngahalangan 
si Gatotkacha, mun bisa mah paehan sakalian !"

Karna:" He he he he, masing sampeyang lain Senapati Agung ge, tetep Kula bakal 
indit, lantaran niat Kaula memang hayang ngabela dulur Kula, Prabu Anom 
Suyudhana."

Karna enggal wae calik YOGA teras menekung muja semedi, teu lami mucunghul 
haseup hideung nu ageung pisan; teras ngabagi jadi opat haseup; nu saterasna 
jleg jadi 4 Denawa pating jalungkiring. Nu teras nyembah ka Karna.

Enggalna Karna matur ka eta opat siluman:"Eh Lembusana; Kalasrenggi, Kala 
Weling lan Kala Murka; tuh tenjo aya pasukan siluman keur ngabinasa Pasukan 
Astina, jung kaituh lawanan ! Kaula bakal nuturkeun ti na kareta ti kajauhan !"

Enggalna Karna nyorowok ka para Pasukan Astina, supaya mundur satukangeun 
kareta anjeunna. Atuh burudul wae sadaya Pasukan Astina pada lalumpatan muru 
kareta Karna, cicing disatukangeun kareta Karna. Ari Siluman nu opat enggal 
merangan Para prajurit Pringgandhani. Barang maranehna nepi ka satukangeun 
kareta Karna, maranehna ayeuna mah awas ningali Gatotkacha sareng pasukanana 
nuju ngaramuk; atuh mani ting birigidig sadaya Pasukan Astina; maranehna 
ngarasa syukur ku ayana Karna. Laun henteu, wah teu kabayangkeun ancurna 
pasukan Astina.

Gatotkacha nganggap enteng ka na datangna opat Siluman teh; diantep we sina 
diperangan ku prajurit Pringgandhani. Tapi nyata Gatotkacha salah ngitung 
ayeuna mah; nyata eta opat Siluman teh sarakti; ngan sakilat2 Pasukan 
Pringgandhani tos bubar ketawuran; seueur nu cilaka; mun teu tatu parna, tangtu 
tiwas; aya oge saeutik nu bisa kabur.

Gatotkacha kacida reuwas sareng kagetna, ningal para Prajurit Pringgandhani 
ngan sakedap tos bubar katawuran; amarahna sakalangkung. Enggal wae luncat mani 
luhur pisan, lir nu ngapung ka awang2; ngarontok salah sahiji Denawa bogana 
Karna; opat siluman waspada, tapi ayeuna maranehna nu salah ngitung, tadina 
Gatotkacha nu nganggap enteng, ayeuna si opat siluman nganggap enteng ka 
Gatotkacha; dianggapna sarua bae Gatotkacha saperti Denawa Pringgandhani 
sejenna. Gatotkacha ngarontok KalaWeling, Kalaweling nyoba rek ngabinasa 
Gatotkacha, tapi kapiheulaan katinggang ku Gatotkacha; barang jelebet barang 
tijengkang eta Kala Weling, utah2an. Can ge jejeg ingetanana eta Kala Weling 
Gatotkacha ngan skilat geus ngadengkek tonggongna ku tuur; atuh Kala Weling teu 
walakaya, Gatotkacha nyekel sirah Kala Weling, terus dipiteskeun sakali; Kala 
Weling paragat nyawana.

Kala Srenggi amarah bari kaget; tapi sangkaanana kabeneran we meureun Kala 
Weling keur apes, mo sabaraha tanagana ieu siluman NGORA teh ? Kitu pikiran 
Kala Srenggi, bari muru ka Gatotkacha, bade ngabinasa, Gatotkacha ditumbuk ku 
Kala Srenggi; Gatotkacha teu nyingcet malah tumbukan diadu tuimbukan deui ! Duk 
! Dua peureup diadu ! Akibatna si Kala Srenggi kokoloyongan bari nyebut aduh, 
ku nyeri2na; ayeuna mah manehna kakara sadar yen nu dilawan, enya ge budak 
keneh, tapi Sakti pisan, jauh saluhureun manehna. Untung si Kala Srenggi teu 
tijungkel ge; ngan awakna ngadadak leuleus, euweuh tanaga. manehna maksakeun 
maneh taki2; tapi jeleduk ! dadana mani asa ditindih ku BATU nu gese pisan; asa 
remek satulang sandi; atuh teu mangga pulia Kala Srenggi rubuh niban lemah; 
teras dirontok ku Gatotkacha; ieu gerakan teh ngan sakilat2 nepi ka Butha nu 
dua deui teu sempet narulungan; Eta Kalasrenggi nu sakitu badagna diangkat ku 
Gatotkacha, laju dibuntang banting; teras
 dibalang pisan; atuh teu nyawaan deui eta Kala Srenggi teh.

Memang Gatotkacha sakti manggulang mangguling, hese pantarna. Kamari2 
Gatotkacha eleh ku Bhagadata; lantaran kahiji Bhagadatta boga Gajah Sakti 
Supraptika, kaduana perangna beurang, mun ti peuting mah, Bhagadatta, 
Supraptika, jeung sakabeh Pasukan Trajutisna lain tandingan Gatotkacha, pasti 
ancurna. Gatotkacha memang teu aya tandingna dina perang peuting mah. Tapi 
lantaran Gatotkacha ngahormat pisan, ka para sepuh, anjeunna teu kersaeun 
perang peuting; tapi dina waktu ayeuna mah da Suyudhana nu ngumumnkeun perang 
peuting, nu matak Gatotkacha kacida dariana nampa warta perang peuting teh.

HANCA 

Kirim email ke