Baraya sadaya, Urang hiburan sakedik, sugan masih tiasa imut atawa mun perlu ngehkey (mun tos teu tiasa kitu, enggal diparios ka dokter). "Landong Baeud" di handap ieu kenging nyutat tina FB kang Adi Raksanagara (rupina karya anjeunna) kalayan tos diwidian ku anjeunna kanggo disalabarkeun. Sababaraha editan dilakukeun. Si kuring teu terang naha ieu talatah dina carita landong baeud teh sangkan ati-ati lamun keur nguseu atawa kudu sopan santun dina nyariosi (ulah sesentak, jst). Mangga, wilujeng ngilo: #TAU, SIAH. Unggal aya nu ngajak nguseup, kuring sok inget ka Jojon Bachdim. Manéhna kungsi ngadongéng kieu: Aya aki-aki beuki ngomong kasar, cenah. Teu ka budak teu ka saumuran, beletak-beletak wé make babasan kasar. Hiji waktu manéhna nguseup. Geus aya kana tilu jamna nguseup can beubeunangan beunteur-beunteur acan. Teu lila, aya budak leutik ngaliwat ka deukeut si Aki, terus tatanya, “Nuju naon, Aki...?” Si Aki ngajawab, “Na teu kadeulu? Apan ieu keur nguseup, belegug!” Si Budak nanya deui, “Parantos kénging laukna, Ki?” “Acan, goblog. Tatanya wé, siah..!”, walon si Aki “Aki nganggo eupan naon?” Si Budak nanya kénéh make babasan lemes…. “Nya ku cacing atuh, ‘njing!”, jawab si Aki murukusunu “Pantesan atuh, sesah nyanggutna upami ku cacing mah. Cobi ku siki ceremé dibubukeun, teras digaley kana aci.” Si Aki nanya, “Naha bisa kitu?” “Nya henteu atuh, goblog!” Ceuk Si Budak bari lumpat. Si Aki reuwas. Sapanjang umurna can kungsi disebut goblog ku sasaha ogé. Ari ieu ku budak lemét disebut goblog… Hayang ambek tapi budak geus kabur, nahan ambek teu bisa, napasna hukhék, nepi ka maotna di dinya kénéh. Jantungna coplok, cenah.Selang carita, Si Aki geus dikuburkeun. Sabada anu ngurebkeun bubar, layon Si Aku disampeurkeun ku dua makhluk. Anu hiji mawa gegendir. Makhluk nu hiji deui nanya, : “Salam, Ki. Ari Aki keur hirup di dunya kagungan agama?” Ceuk Si Aki, “Nya boga atuh, belegug!” Éta dua makhluk reuwas kacida. Nu mawa gegendir maju, pokna téh, “Aki, cobi upami ngawaler téh nganggo basa anu lemes. Sugan wé Aki tiasa hirup balik deui ka alam dunya…” Ceuk Si Aki, “Naha tiasa kitu?” “Nya henteu atuh, goblog!” ceuk éta makhluk bari habek nakol sirah Si Aki ku gegendir. Si Aki paéh deui…… :)#Catatan: Cereme = ngaran buah anu rasana haseum kacida dibubukeun = dilemeskeun digaley = digalohkeun gegendir = panakol (B Ind: pentungan)
Diantos landong baeud ti nu sanesna. manar
