Bah Amin,
Nitenan seratan dihandap,
"Saterasna ti katebihan keneh Kresna nyorowok ka Para Pasukan Kurawa"      
----------> Sigana Karna sanes Kresna nya Bah?

Jejeknong



________________________________
From: Abbas Amin <[email protected]>
To: kisunda <[email protected]>; urangsunda <[email protected]>
Cc: Nurkadi <[email protected]>; Ii Sumirat <[email protected]>; 
Sam Soemadipradja <[email protected]>; Aldo Desatura ™ 
<[email protected]>
Sent: Wed, June 1, 2011 2:07:17 PM
Subject: [kisunda] Bharata Yudha 48

  
Suyudhana enggal ngabageakeun Karna; ieu dua Raja sobat dalit teh silih 
rangkul; 
tos kitu kakara Karna matur:"Dulur Kula Prabu Anom Duryodhana, Tadi Kaula 
ningal 
si Gatotkacha anak Bhimasena keur ngamuk; naha diantep wae ku Resi Drona !?"

Suyudhana:"Tah nya eta pisan, nu matak smpeyan diangkir ka dieu teh. Sabab Resi 
Drona geus angkat tangan, ngarasa teu sanggup cenah ngalawan Gatotkacha !"

Karna:"Eeee  ladalah ! Sampeyan teh Maha Senapati Kurawa/Astina. Teu pantes 
sampeyan ngomong saperti kitu !"

Drona:" Ke heula anan Karna, Ulah sok wara nuduh atawa nyindiran Kaula. Si 
Gtotkacha teh mun beurang mah, teu gagah teu sing; biasa we. Tapi lamun perang 
peuting, kasaktianana naek 10X lipet; lain bantrak2keun;  Tah Kula nyaho, 
sampeyan Karna boga 4 Siluman Petingan nu sok ngabantu lamun sampeyan perang 
waktu naluk2eun raja2 laleutik, nepi ka Indraprasta jadi gede pisan; kapan 
sampeyan ari perang sok unggul wae! Kitu lain !?"

Karna:"Ah sabenerna mah Kula teu perlu ngagunakeun 4 Siluman. Kula sorangan ge 
masih sanggup nalukeun nagara2 eta teh; ieu mah ngarah gancang we atuh."

Drona:"Euh kitu !? tah ku sabab kitu, sampeyan hiji2na Pahlawan nu bisa 
nandingan Gatotkacha jeung Pasukanana. Kula Senapati Afung, ayeuna marentah ka 
sampeyan kudu ngalawan Gatotkacha; mun bisa mah paehan sakalian !"

Karna:" He he he  masing sampeyan lain Senapati Agung ge, tetep Kaula bakal 
maju; sabab Kaula memang hayang ngabela sobat Kula Prabu Anom Suyudhana !"

Karna enggal wae sila Yoga, teras ngawatek ajian nu dipasihan ku Bhatara Surya; 
enggalna wae aya haseup hideung ngelun harita keneh payuneun Karna; teras eta 
haseup hideung teh ngabagi jadi 4\ saterasna jleg wae 4 Siluman nu jangkung 
gede 
ting jungkiring; laju nyembah ka Karna.

Enggal Karna marentah ka eta 4 Siluman:"Eh Lembusana' Kala Srenggi; Kala Murka; 
lan Kala Wening; tuh tenjo aya Pasukan Siluman keur ngabinasa Pasukan Astina; 
jung kaituhlayanan ! Kula bakal nuturkeun ti kajauhan di na kareta !"

Saterasna ti katebihan keneh Kresna nyorowok ka Para Pasukan Kurawa; supaya 
enggal mundur sapungkurun kareta Karna; atuh burudul sesa Pasukan Kurawa 
murudul 
lumpat ka satukangeun Karna; ari Para Prajurit Pringgandhani dipegatan ku 4 
Siluman nu sarakti; atuh harita ting parecleng ting jarerit Pasukan 
Pringgandhani, loba nu binasa sapada harita. Pasukan Kurawa nu saralamet aya 
satukangeun kareta Karna, ayeuna mah awas ningali Gatotkacha sareng Pasukanana; 
kabeh Pasukan Kurawa/Astina ting birigidig ningal jirim nu sakitu garilana.

HANCA 
 

Kirim email ke