Barang Gatotkacha ngulangkeun dampalna Lembusana mani rampohpoy, gelepruk we 
manehna rubuh, bari hitut campur wer2 kiih ku sieun2na; kahayangna mah nyembah 
jeung taluk; tpi sumpahna ka Bhatra Surya teu bisa kitu; nya kapaksa manehna 
neger2 maneh.

Gatotkach ngalhir bengis :" Eh Siluman, saha ngaran andika ? Jeung saha batur2 
andika ? Wawanian ngahalangan Gatotkacha jago Pringgandhani ?

Lembusana bri dareud ngajawab:"Kaula ngaran Lembusana; Ari itu nu pangheulana 
tiwas, ngaranna Kala Weling; nu itu Kala Srenggu; ari nu cik keneh dipaehan ku 
sampeyan ngaranna Kala Murka; Kaula datang kadieu lantaran diutud ku Bhatara 
Surya keur nulungan Karna; Kaula sarerea ngan ukur nyaho mati; tapi reu meunang 
taluk ka lawan."

Gatotkacha ngandika:" Hahahaha! ana kitu mah, sampeyan bakal disampurnakeun ku 
Kaula ! Tugas sampeyan geus lekasan; TUNTAS !"
Saparantos nyarios kitu teu tata pasini deui Gatotkacha nyekel sirah Lembusana; 
dipuntirkeun; tuh beuheung Lembusana pegat pisan; getih mani ngucur seueur 
pisan;
Lembusan tiwas; teras eta sirah dialungkeun ka Para Pasukan Kurawa/Astina. 
Karna enggal mentangkeun jamparing, sirah butha ngajuhan ti Pasukan Kurawa.

Ningali ketak Gatotkacha; Pasukan Kurawa loba nu wer2 kiih; nyata Pasukan 
Astina ayeuna mah ngarasa sieun pisan ku Gatitkacha; malah leuwih sieun ti 
batan ku Arjuna.

Saterasma Gatotkcha nangtang ka Karna :"Ho ho ho ! Eh Karna ! Andika mangka 
waspada ! Peuting ieu meureun peuting panungtungan keur sampeyan ! Butha nu 
opat nu dikieim ka Kaula; euweuh gunana keur Kaula mah ! Tah sok naon kabisa 
andika ? Bisa naon andika ngalwan Kaula !?"

Karna males nyorowok oge :" E ... ladalah ! Gatot kachuuu aaaa ! Kaula tong 
disebut KARNA lamun mundur ku Butha pntar sampeyan ! Karna pntang mundur, jeung 
can ngajaran mundur ti na palagan !"

Gatotkacha:" Ho ho ho ho ! Alus Karna ! mun sampeyan wani ka Kaula mah ! Sok 
ketrukkeun kabisa sampeyan ! elmu panemu aji jaya kawijayan ! Hayang nyaho !"

Karna lajeng mentngkeun gondewana, hiji panah nu ngandung tanaga kiat pisan , 
Teu katakis, memang Karna ahli pnah nu pilih tanding; tapi brang keuna ka na 
dada Gatotkacha, eta jamparung teh miley; lur nabrak batu anu kacida teuasna , 
terus wae ngepluk niban lemah. Karna sareng Gatotkacha sami2 kaget ; Karna 
kaget lantaran panahna teu tiasa nembus kulit Gatotkcha; Gatotkacha khet, 
lantaran kakeunaan jamparing Karna tur pas keuna ka na mamaras pisan. 

Ayeuna Gatotkacha sadar yen kasakten Karna saimbang sareng Arjuna ! Sabalikna 
Karna ayeuna mah percaya ka na caruosan Drona, yem Gatotkcha lmun peuting 
kasaktinana naek 10X lipet ti batan beurang; kasaktian Gatotkcha enyaan lain 
bntrak2keun.

Sanajan kitu Karna teu kersaeun mundur, tapi enggal marentah k para Pasukan 
supaya ngajuhn eta tempat , lantaran anjeunna nyalira nu bade merangan 
Gatotkacha; poma ulah aya nu ngabntuan, cenah. Padahal ngalkukeun kitu teh ku 
margi Karna nyah ka para Pasukan ulah kabrerang.

Tindakan Karna kitu ngajadikeun sadaya Pahlawan, Senapati jeung prajurit Astina 
pada ngahormat ka Katna;  Malah loba nu ting kecewis yen saenyana nu png 
pantesna jadi Senapti mh taya lian Karna nyalira ! Sanes Resi Drona atawa 
Bhisma !

Gatotkacha ngagakgk ningal ketak Karn kitu, ters nyorowok deui :" Ho ho ho ho ! 
Karna ! Kaula kataji ku kalkun sampeyan ! Mun henteu mah Karna, Kaula bakal 
ngalediskeun heula Pasukan Astina, samemeh ngabinasa sampeyan !"

Karna enggal males nyorowok :" Eh Gatotkacha tong sombong sampeyan ! Sampeyan 
can tangtu bisa ngelehkeun Kaula ! Samemeh perang can dimimitian ulah wak 
ngitung hasilna !"

Gatotkacha nghrgaan oge ka na kawani Karna, teras ngagakgak deui :" Ho ho ho ! 
Ha ha ha ! Memng pantes sampeyan loba nu ngadongengkeun,  yen sampeyan teh 
jagona Astina ! Syukur ayeun aya hareupeun Kula; teu kudu hese neangan; jajadug 
Kurawa bakal dibibasa ku Kaula !"

Karna :"Kdigjayaan Karna lin DONGENG ! Tapi nyata , Gatotkacha ! kbuktian, 
jeung lob buktina ! Si Arjuna mh ngn ukur meunang SOHOR wungkul ! Engke mun 
geus nyanghreupn Kaula mh noal ay dyana ! Hahahaha !"

Gatotkacha nyel we keuheul lntaran paman Arjuna nu didama dama ku Gatotkacha, 
tos dihin ku Karna.Mangkaning Arjuna teh GURU Panah Gatotkacha ! Mun cek 
istilah NGETREND mah Gatotkacha teh nge FANS berat ka Arjuna teh.Enggal wae 
Gtotkacha calangap kalur rtusan panah nuju ka Karna !  Katna rikat ngalepaskeun 
jmpring, panah ti Gtotkcha sadayana clak clik nebn lemah.


HANCA  


Kirim email ke