Hiji waktu Pa guru ngabsen muridna keur ngeusian buku data identitas siswa.
"Kemed, naon gawe bapa maneh?", pokna ka si Kemed.
"Duka atuh pa!", jawab Kemed pondok.
Guru:"Naha ,make duka? piraku teu nyaho naon pagawean bapa sorangan?".
Si Kemed rada kerung:"Ari bapa ..., pan abdi ti enjing di dieu sareng bapa".
Guru:"...ih lain keur gawe naon ayeuna, maksudna naon gawe bapa maneh 
sapopoena!"
Si Kemed nu teu pati nyaho garan pagawean bapana ngahuleng deui. Teu lila pok 
nyarita asa-asa:"Minggu kamari mah saurna kenging opatan, nu tiluan ...keluarga 
gaduh putra hiji, nu saurang deui mah tatanggana".
"Heueuh naon atuh pagawean bapa maneh teh?", guru teu sabar motong si Kemed.
"Duka atuh pa, da sok nyandakan jalmi", ceuk Kemed bari rarat reret ka baturna.
"Boa culik!", ceuk babaturanana meh bareng.
"Pulisi lain?", baturna aya nu nanya ti tukang.
"Lain da teu disaragam siga pulisi", ceuk Kemed  bari ngalieuk ka tukang.
"Tuluy dikumahakeun tah jalma nu dibawa teh?, ceuk Guru mariksa.
"Saurna mah bade dikintun ka Sumatra", jawab Kemed asa-asa.
"Eu...ari kitu mah pagawe transmigrasi meureun!", ceuk Guru deui.
"Tah enyalah sigana mah!", si Kemed asa diingetan. 
"Leres pa pun bapa kantos nyarios transmigrasi-transmigrasi kitu", sambungna 
rada yakin. 
"Heueuh geus lah, ayeuna Kamal, naon pagawean bapa?", ceuk guru nuluykeun 
mariksa ka si Kamal, budak pinter ngan tukang heureuy.
"Pun bapa mah tukang gahalalkeun pagawean haram", jawab si Kamal kalem.
"Ulah heureuy wae, ieu rek ditulis dina buku", ceuk Guru. 
Najan loba heureuy ka si Kamal mah guru tara ngambek, pedah pinter meureun.
"Muhun, pun bapa mah janten Amil, unggal minggu nguriling nikahkeun", jawab si 
Kamal.
"Tah kitu sing puguh", ceuk Guru rada mesem bari nyatet.
"Umar, naon gawe bapa?", guru nuluykeun ngadata.
Si Umar teu pati pinter, ngan budakna sok loba karep.
"Bapa abdi mah gawena dina jalan teu bener!", ceuk si Umar bari legeg.
"Sing bener nyarita teh Umar!", ceuk Guru bari rada ngahuleng mikiran omongan 
si Umar, sabab nyahoeun si Umar sok loba tingkah.
"Muhun da leres atuh pa, da ayeuna ge nuju ngaspal", jawab si Umar.
"Heueuh ari kitu mah", ceuk Guru deui bari nulis.
"Udung ....", can ge guru beres nyarita si Udung geus ngajawab.
"Si Bapa mah belegug pisan, tukang nyabakan hulu batur!", ceuk si Udung embung 
eleh ku si Umar.
"Tukang cukur nya!", si Umar nempas.
"Geus tong ribut", ceuk guru bari nyatet deui.
Hanjakal kaburu bel istirahat, pa Guru nutup buku, barudak riab ka luar.






------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke