Nuju gunem catur bari gumbira kitu, jol we prajurit Pringgandhani nu bade 
laporan tea, ku margi Bhima mah teu sbaran, teras wae naros ka eta prajurit :" 
Heh prajurit ! Kumaha bejana ? Naha Pasukan Astina geus ledis ?! Mana si Gatot 
? Kunaon make nitah teu langsung manehna sorangan !?"

Kresna enggal motong :" Eh Rayi Sena sabar, saha manehna, naon maksudna, terus 
kumaha caritana ?"

Bhima :" Aeh enya, Eh prajurit ! saha ngaran maneh ? maneh utusan Gatotkacha 
nya !?"

Eta prajurit barang nungali Bhima nu meh sarimbag sareng Gatotkacha segruk wae 
ceurik, mani kacida sedihna; atuh sadaya sami kaget; Bhima jadi kaluar napsuna; 
ampir wae eta prajurit ditajong, untung kabujeng dihalangan ku Kresna.

Saterasna Kresna bari mesem pinuh ku rasa simpati naros ka eta prajurit :" eh 
prajurit saha ngaran andika ?"
Prajurit bari ngosom ngawalonan :" Hu hu hu ...... abji wasyta Prabakesyah nun "
Kresna :" Ooo Prabakesah ...... sok aya laporan naon ?"
Prabakesah :" Adjuuuuh  Gusciiii ............ kaciwasyan Gusciii "
Kresna :" Katiwasan kumaha !?"
Bhima nyereng mani ngagerem :" Hmmmmm.......... Katiwasan kumaha GOBLOKKKK !? 
Ditajong siah ku aing !"
Yudhistira enggal nyaurabn Bhima:" Cing atuh sing sabar, kupingkeun heula naon 
nu rek dilaporkeun teh; rek ngomong ge jadi teu jadi da sieuneun. Cing sing 
sabar atuh Rayi."

Bjima teu ngawaleran teras wae ka tukang teu pipilueun deui; baru satemenna mah 
di na jero manahna Bhima deg2an pisan kawas aya tanda2 laporan pikasediheun.

Memeh nyaruta Prsbakesah ceurik deui wae, bari nyrmbsh pok matur :" Duh Guscii 
Para Pangagung Panjawa syadaya,.......... huuu  huuu   huuu .............. 
syewu syewu bebenju, laksya laksya jujuka; .............. abdi Guscii bade 
mihatur ti awal jugi ka ahir................ derekdek wae Prabakesah nyarita 
bari ngosom ( sabab Butha tea  ) ; nyritakeun ti mimiti kasoran perang ngalawan 
Pasukan Trajutisna, dugi ka akhirna perang sareng Karna; estu lengkep teu aya 
nu kaliwat ( nu matak disebut si tukang KESAH = Prabakesah )
Ditungtungan ku :" Abdi Gusci yeu nyangka pisyan, di dunya ieu aya senjata nu 
sakitu hebatna.............. si Aca aduuuuh...........huuu  huuu  
huuu........ajuh teu wasya nyritakeunana.............huuu si Acha ancuuurrr teu 
aya syesya2na......... huuuuu"
ceurik deui wae eta si Prabakesah lantaran ku sedih2na.

Kresna enggalna matur :" Eta senjata teh ngaranna Kunta Wijaya Danur  ; mo aya 
nu kumelip bisa nahan ieu senjata; tinangtu ancurna ! Sakti pisan tapi ngan 
ukur sakali makena; ieu semjata sami2 musna bareng jeung nu dikeunakeun ku ieu 
senjata."

Bhima ngagorowok :" Eh Karna ! Awas lamun panggih ! dipodaran sia ku aing ! 
Duuuuh......
karunya temen si Gatot !"

Kresna enggal ngalahir :" Eh Yayi Sena..........; urang teu kudu sedih. 
Gatotkacha mati tapi mati nu gede pisan hargana. Mayi sabage Pahlawan ! 
Ksatriya. Gatotkscha kacida mulyana ......... bebelaka nusa , bangsa jeung 
pinisepuh 1 gatotkacha bakal dikenang sepanjang masa ! Bakal jadi carita 
balarea ! boh dina kaprawiraanana, boh di na kasaktianana, boh di na handap 
asorna ! Nakal jadi sumber carita balarea ! Ulah sedih yayi Senamalah urang 
kudu reueus; lantaran pangorbanan Gatotkacha ayeuna, bakal jadi bibit buit 
kajayaan Pandawa !"

KU CARIOSAN KRESNA NU IEU LOBA DALANG NYEBUT PAGARKEUN CENAH GATOTKACHA NGAHAJA 
DIKORBANKEUN KU KRESNA ! PADAHAL DI NA PERANG GATOTKACHA KARNA WSTU SADAYANA 
NATURAL.

HANCA

Kirim email ke