Ngawitan ngalih kabogor taun 2002 lamun ngantor sok naek beus tibaranangsiang 
anu lewat ka tol jagorawi sapanjang jalan tol bogor sentul harita mah seueur 
keneh tangkal sampeu teh ngan duka ayeuna sigana mah tos gentos ku perumahan 
sigana ayeuna mah.

Baktos
Ern 
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Tue, 14 Jun 2011 08:41:11 
To: <[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: Ki Sunda<[email protected]>; Baraya 
Sunda<[email protected]>
Subject: [Baraya_Sunda] Re: Juara 3 Sampeu?

Kutan kitu Kang Yadi. Nuhun infona.
Memang mun uing ulin ka lembur, lembur nu 20 taun kaliwat mah sakuriling
bungking pelak sampeu, ari kiwari mah teu kapanggih deui tah kebon sampeu nu
hejo ngemploh teh. Loba lahan ditaringgalkeun, teu diparelakan, da barudak
patanina hijrah ka pabrik di kota. Mun kitu, di kawasan mana nya eta sampeu
teh kiwari diparelakna?

2011/6/13 Y@di <[email protected]>

>
>
>
> Ki Hasan,
>
> Ari di luhureun kertas mah siga nu enya pireueuseun sampeu teh, tapi jujur
> bae, ari cek kuring mah teu 'feasibel'. Sok geura bandungan.
>
> Sebat bae produksi sampeu 23 juta ton / taun, hartina (jejegkeun) 2 juta
> ton / bulan. Hartina (jejegkeun) 700 rebu ton tiap poena. Kabayang sabaraha
> legana kebon sampeu nu kudu dipanen unggal poe?
>
> Cenah bibit unggul ngahasilkeun 100 ton/ha, padahal nu atos-atos
> (sakaterang kuring) paling 25 ton/hektarna. Nya sebut bae atuh 50 ton/ha,
> jadi dina sapoena kebon sampeu nu dipanen teh legana 14 rebu hektar!
> Kumaha tah prak prakanna ngumpulkeun hasil panen tina lahan sakitu legana?
> Tacan panen isuk pagetona, tangtuna ge di lahan sejen deui nu leuwih jauh
> deui. Pisakumahaeun lobana jelema dibutuhkeun pikeun panen? Tacan pan lahan
> nu tos dipanen kudu dipelakan deui?
>
> Jadi ah.... ngan di luhur kertas wungkul.
>
> Hapunten
>
> Best Regards,
> -Yadi Supriadi Wendy-
> .:Sent using my +62 899 711 8089 with love:.
>

Kirim email ke