Ayeuna mah Yahoo nu ngaco ngirimna jadi kapotong; rupana teu meunang panjang 
teuing.

Mundurna kareta Arjuna disurakan ku Pasukan Kurawa Astina, bari ngaweweleh 
Arjuna; saterasna maruji ka Drona ! Memang dasarna Resi Drona ti kapungkur 
keneh, ti masih keneh Bambang Kombayana resep diumpak dipuji; atuh mani jigrah 
dipuji ku para Pasukan teh.
Ngalahir Resi Drona :" mMasing sakumaha gagahna oge Arjuna teh tetep murid 
Kaula, sagala elmu ti Kaula; moal bisa eta si Arjuna ngalawan Kaula ! Hahahaha 
! jeungna deui Kaula boga senjata sakti Bramastra ! Pasti Arjuna ancur ku 
senjata ieu !" Drona ngaluarkeun senjata Bramasta; sadaya sami kaget, ku margi 
eta senjata mani boronyoy ngandung warna beureum sareng karasa panas; tanda eta 
senjata ti Dewa Brahma !
Enggalna bae sadaya pasukan susurakan : Jaya Senapati ! Jaya Guru Drona !

Enggal Drona sasauran deui :" Ieu panah Bramastra nu bakal namatkeun riwayat 
Arjuna !"

Waspada Dewa Indra enggal lungsur ka marcapada, janggelek payuneun Drona ( nu 
sejen teu aya nu terangeun ), atuh Resi Drona purat perot nyembah :"Haturan 
Bhatara Indra , aya naon sisinantenan lungsur ka marcapada !?

Dewa Indra :" Poma anjeun ulah ngaluarkeun eta senjata ! Bahaya. Sok asupkeun 
deui !"
Drona ngalahir ;" Maha Bhatara Indra nyarios kitu teh dumeh Arjuna putra 
sampeyan !?"

Dewa Indra :" Lain ! Pek we taros tuh Bhatara Brahma !" Atuh enggal Drona 
nyembah lantaran kasumpingan Bhatara Brahma.
Dewa Brahma ngalahir :" Enya Drona ! sampeyan entong make panah eta ! bahayana 
leuwih gede ti batan untungna !"

Enggal wae Drona ngalebetkeun deui panah Bramasytra; dua Dewa enggal ngiles; 
teras wae Drona ngalahir :" Ah memang can pantes Arjuna nampa ieu senjata 
Bramasytra; he he he can waktuna !"

Kacaturkeun Arjuna nu tos tebih ti palagan, lajeng ngandika ka Kresna :"Eh 
Kresna kuanaon sampeyan ujug2 ngaburkeun kareta katukang ? Jeung asa mani jauh 
pisan !? Kapan Kaula can eleh masih wani keneh !"

Kresna :" Wah ulah bahaya ! Moal aya nu bisa ngelehkeun Resi Drona di na waktu 
ieu !"

Permadi:" Ari enggeus kumaha ? Pandawa kudu nyerah ? Serah bongkokan !?"

Kresna:" Lain kitu, Tapi memang bahaya pisan; lamun geus kapepet tangtu manehna 
ngaluarkeun senjata Branasytra ! Komo mun sampeyan pipilueun deuih ngaluarkeun 
Pesopati !? Kapan bahaya pisan ? Bisa ngabahayakeun dunya nu teu bisa dikira 
kira ku urang !"

Arjuna :" Saha atuh nu bisa ngelehkeun guru ?!"

Kresna :" Drona !"

Arjuna :" Naon !??????? Drona ? tong heureuy atuh Kresna !"

Kresna :" Hehehehe........... enya Drona..............
Arjuna :" Ah teu [uguh sampeyan mah."
Kresna :" Kieu eta teh ............... Drona lamun keur siap perang, boga napsu 
perang, moal aya nu bisa ngalawan Resi Drona ! Ngan ukur manehna sorangan nu 
bisa ngelehkeunana, nya eta ku ngalungkeun gondewana jeung ucul2 pakean 
perangna; mun Drona geus teu boga deui napsu perang; tah di dinya manehna bakal 
moksa, ngahiyang !"

HANCA

Kirim email ke