*pamali, teu meunang dilakonan, geus jadi katangtuan anu teu meunang dipungkir ti baheula, mangrupa adat habitat anu hanteu tertulis. larangan. hukum pamali geus jadi kasapukan kolot baheula, tina hasil uji coba ratusan/rewuan taun katukang. *dina basa cirebon mah 'kiyeng'. sunda 'keyeng'. aya kalimah ti embah kuwu sangkan, alias somadullah iman, alias pangeran cakrabwana emangna sunan gunung jati tea, anu ucapna : "mun bodo ojo weruh, mun pinter ojo keblinger, yen kiyeng tangtu pareng, ora lali ka masjid lan fakir miskin" kirang langkung kitu. yen kiyeng tangtu pareng, sarua jeung mun junun pinasti jucung. ketekunan yang kuat akan membuahkan hasil yang diharapkan. jadi nalika rengkah polah ihtiar dina ngusahakeun hiji udagan sacara neugtreug, tinangtu bakal mibuah hasil anu diharepkeun luyu jeung kahayang urang. .. (pareng - kalaksanakeun/kalampahan/kabayuan) *manuk hiber ku jangjangna, jelema hirup ku akalna. geus jadi ti kudratna yen sasatoan anu teu boga 'polo' oge bisa hirup, komo manusa anu boga polo, asa pamohalan teu bisa keur neang kadaharan2 acan. ceuk paribasana mah, mun teu ngakal, moal ngakeul, kitu meureun tah eta tilu siloka kasebut bener mangrupa palsapah hirup dina kahirupan., hirup kumbuhna keur supaya bisa guyub di balarea.(sosial ekonomi) manawi hn*r3m
. 2011/6/15, Ii Sumirat <[email protected]>: > Muhun ke diajakan, susuganan. > > Nuhun > > > > From: [email protected] [mailto:[email protected]] On Behalf Of > Ki Hasan > Sent: Wednesday, June 15, 2011 9:08 AM > To: [email protected] > Subject: Re: [kisunda] FW: naros ? > > > > > > Kang II, sina asup ka Ki Sunda geura nu nanyana. > Kudu leuwih aktif jeung kreatif kituh mahasiswa mah. > Sakalian ngarah bari diajar ngamalkeun konsep "mun keyeng tangtu pareng". > Mun hayang nyahona keyeng, terus tatanya ka papada sasama, tangtu barang > katimu parengna. > > 2011/6/14 Ii Sumirat <[email protected]> > > > > > > Aya nu sms naros kieu? Apa makna konsep pamali, keying tangtu pareng, manuk > hirup ku jangjangna jelema hirup ku akalna, ditinjau dari system social > ekonomi . jelaskan satu per satu. > > > > Nuhun > > > > > > > > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
