baraya,
Di handap ieu aya undangan deui ti sdr Ical, kanggo gempungan masalah cai, lingkungan jeung sosial budayana. Mudah2an wae lain ukur ...ruang-riungna wungkul. Mudah2an nerus aya manfaatna: # Ass. . .kang damang ? Dihaturan pisan, Dinteun Ahad Kaping 26 Juni 2011 mulai 09.00-rengse pakarangan Kec. Margaasih program Ngajaga Lembur. (anu bade hadir salaku narasumber: ) K Tjetje, Kang Acil, Prof. Mubiar, Prof. Sobirin, Kang Tisna Sanjaya (kabayan nyintreuk), Setiawan BPLHD jabar n Tokoh-2 Kab. Bdg. Agenda : pagelaran Pencak Silat, Diskusi Akbar Ki Sunda, Gotong Royong Ngabebenah Lingkungan + Ngabeberes Adm. Surat Nikah Kec. Margaasih*); Oge acara: Rempug jukung 40 paguron silat, 18 ormas tingkat Kecamatan + 25 Ormas tingkat Kab. Bandung. Insya Allah GB**) ieu bade ngayakeun oge Ultah ka 76 k Tjetje HP. Diantos pisan kadongkapanana..Salam baktos Ical Cc Fery Radiansyah..#. Catetan: sanggeus dikonfirmasi deui ka Ical via sms, penjelasan Ical kieu: *) 50 pasangan suami isteri snu teu mampu dan ilegal (teu kacatet di KUA meureun) bade dilegitimasi (dilegalkeun) ku Ngajaga Lembur, eta salah sawios gerakan moral sosial **) GB = Gerakan Budaya Abdi tos meunang izin pikeun nyebarkeun ieu uleman ka warga milist. Hartina, mangga, baraya sadaya oge dhaturanan sumping ka eta acara. manar
