Dina waktuna Karna jadi Senapati, enyaan kaciti pisan ahlina Karna di na 
ngaorganisir Pasukan Kurawa; Karna oke tara ngahambur hambur panah pikeun 
maehan para prajurit; Karna ngan ukur manah nu nangtang ka ditina; tapi teu aya 
hii ge Pahlawan nu bisa nadingan Karna. Karna enyaan pilih tanding.Tapi 
prajurit ti dua pihakanana ngahargaan ka Karna.

Kumaha ari ti pihak Pandawa ? Nu maju nya eta Yudhistira digendeng ku Nakula 
Sadewa, ari pimpinan pasukan dickel ku Srikandhi, lantaran Dristadjumna teu aya 
sumanget mingpin lantaran rumasa salah tea, ku tiwasna Drona. Arjuna teu hoyong 
perang deui cicingna disatukangeun pasukan, lantaran protes ku tiwasna Drona; 
bari ditipu teh dikakaya deuih.
Bhima nutur2 kareta Arjuna bari terus nyumangetan Arjuna supaya maju perang 
deui.

Tah di na kaayaan kitu pisan Perang harit teh; ath Satyaki ayeuna mah nu 
nyumangetan sadaya pahlawan Pandawa supaya tetep teger enggpning ngalawan ketak 
Paukan Astina.

Karn teu pati resepwun ka Aswatama, ku sabab eta keukeuh nu hiji ieu mah disina 
ngajaga di garis tukang. Nu maja kahareup nya eta Kritamarma, Krepa, Sakuni, 
sareng Pahlawan NGORAWersasena putra Karna. 

Ku sabab Wersasena ngora keneh atuh maju na teh taya kasieun pisan; estu resep 
we nu aya. Pahlawan2 Pandawa hiji2 tiwas kuieu Wersasena; dugi ka ngagetkeun 
Pahlawan jadug model Satyaki.

Tos ne,asan 10 Pahlawan, Wersasena celk2 nangtang ka Arjuna :"Eh Partha ! 
Dananjaya ! ok majulawanan Kaula ! teu kudu jeung bapa Kula sok jeung Kaula ge 
sampeyan can puguh meunang !"

Ieu panangtang teh kakping ku Aejuna, enggal wae Arjuna maju nyampeurkeun 
hoyong terang ka nu wani nangtang ka anjeunna. Barang gok Arjuna kaget lanyatan 
musuhna ngora keneh pisan; sareng rupana meh sarimbag jeung ingkang Putra 
Abimanyu. Partha ngarasa nyaah ka Wersasena; tapi ku sabab ditangtang terus2an 
nya maju we akhirna Arjuna bari satengah hate; atuh barang der perang tagot 
teh; kacida saimbangna; malah Wersasena leuwih agressive.

HANCA

Kirim email ke