Karna oge tos nguping yen putranaWersasena, nangtang ka Arjuna. Waduh ieu budak 
!
bahaya pisan. Kitu Karna ngamanah. Wah wwanianan ngalawan si Arjuna ! Kaula wae 
bapana can puguh bisa ngelehkeun manehna. Kumaha yeuh ? Mun diantep pasti 
cilaka; tapi mun dilarang pasti matak wirangna. Jeung Kula kapan biasa ngajar 
ka anak Kula teh kudu wani; ulah nempo jeung saha perang. tapi kudu nempo bener 
henteu ieu perang ? Ah meureun geus nasibna si wersasena kudu mati ku 
Arjuna.Keun we lah, manehna mati ge jadi pahlawan.

Caturkeun deui peperangan antara Partha sareng Wersasena; kacid ramena 
Wersasena teras nyerang ka Arjuna; tapi tiasa dilayanan ku Arjuna; jadina 
saimbang pisan. Atuh ger2 we surak balatentara Kurawa ku resepna ningal 
Wersasena tiasa ngimbangan Arjuna, malah sigana ngadesek ayeuna mah. Keur kitu 
Arjuna nyorowok :" Ke heula sakeudeung ! Eureunan heula ! Kaula rek nyarita ka 
sampeyan."

Wersasena tuluy naros ka Arjuna :" Aya naon Arjuna !? Naha make eureun heula ? 
geus cape sampeyan ? Kaula moal nyerang dui ka sampeyan; tapi smpeyan kudu 
ngaku yen Rama Karna leuwih hebat ti sampeyan ! Hahahaha !"

Arjuna :" Wersasena. hidep masih ngora jeneh pisan; pikahareupeun masih 
panjang, jadi mending sampeyan manggil rama sampeyan, sina ngalawan Kaula !@"

Wersasena :" Sampeyan nyata kurangajar pisan, Arjuna ! geus jelas jeung Kula 
oge sampeyan mah saimbang ! Atuh komo jeung bapa Kaula mah ! Sok ayeuna mah 
tong loba catur ! Hayu urang tangtukeun mana nu leuwih unggul antara urang 
duaan !"
Nyata Wersasena teu apal yen Arjuna saleresna nyaah ka Wersasena; tapi 
katampana jadi salah; persis sami sareng Gatotkacha nyaah ka Karna.

Nya akhirna Arjuna kapaksa ngalayanan deui; tapi masih ngelehan keneh lantaran 
teu tega ngabinasa ka Wersasena nu meh sarimbag sareng Abimanyu.

Keur kitu corowok teh Bhima :" Eh Jenet ! ieu teh lain keur latihan ! Cing 
maneh mundur we ! keun ieu anak Karna bagean Kula ! Males pati keur si Gatot ! 
Maneh mah jeneet sok wecicing di tukang ! Ulah milu perang !"

Barang nguping kasauran Bhima kitu. Arjuna enggal wae manahan ka Wersasena 
kalawan enya2; atuh Wersasena ngarasa kacida ripuhna  ayeuna mah; satadina 
hayang nembongkeun yen ramana Karna langkung sakti ti batan Arjuna ! 
Tapikabuktian ayeuna serangan Arjuna beda ti nu tadi. Ayeuna mah boro2 males 
manah ka Arjuna; nakis ge mani hese beleke; akhirna  kesang badag kesang lembut 
kaluar saluar awakna. Ayeuna kakara bpga rasa sieun teh.

Tapi sdaya tos telat lantaran Arjuna teras nyerang ku panahna mangkaning make 
tanaga jero nu sakti; Wersasena kacida ripuhna; teu kanyahoan peletok wae 
potong gondewana ; barang rek ganti gondewa panah Arjuna tos nepi atuh langsung 
sapat beuheung Wersasena teh ngagulitik; badanna ambruk na kareta teras 
tigugulitik niban lemh. Wersasena pralaya sabage satriya.

Sajongjonanmah Arjuna ngahuleng.............   emh enya jahat pisan geuning 
perang teh !? Kitu Arjuna nyarios di na manahna.

HANCA

Kirim email ke