Teh Mia, ari uing mah jadi panasaran kana gelar "Profesor", kumaha tah
aturan ngaleler eta gelar ka hiji individu teh.

Aya pangalaman uing jaman keur budak, kungsi rengkod, alatan awak budak
kalakuan nalaktak, hayoh punggal-panggul barang beurat, nu antukna tulang
iga ngarampeol rengkod. Harita teh tatamba ka tukang urut tulang nu kawentar
di Wanaraja, Garut. Alhamdulillah, sapada harita, eta tulang iga nu
ngarampeol teh bisa lempeng deui. Malah aya pasen sejen, nu cukang irungna
ngelok ka jero, alatan ka-smash waktu maen poli. Teu pira ukur ditarik
kuramo, irungna bangir deui.

Eta tukang urut teh, make gelar "Profesor", asanama "Profesor Special
Massage" kitu. Cenah mah eta gelar teh anugrah ti Presiden.

Cing sugan aya info, kumaha eta cara ngaleler gelar "profesor" teh
aturanana?


2011/7/1 <[email protected]>

> **
>
>
> ** Punten bade naroskeun, berita ieu teh bener atawa hoax?
>
> Telah meninggal dunia, PROF. H. Tb. KHASAN SOCHIB, ayahanda dari Gubernur
> Banten, Atut Chosiyah/ ayahanda dari Walikota Serang, H. Jaman/ ayahanda
> dari Wakil Bupati Serang, Hj. Tatu Hasanah/ mertua dari Walikota Tangsel,
> Airin Rahmi Diani/ suami dari Wakil Bupati Pandeglang, Hj. Heryani/ mertua
> dari Ketua Partai Golkar Banten dan anggota DPR RI., H. Hikmat Tomet/ mertua
> dari anggota DPRD Banten, H. Aden/ kakek dari anggota DPD Banten, Andika
> Hazrumi/ kakek mertua dari Wakil Ketua DPRD Kab. Serang, Ade Rossy
> Chaerunnisa...
>
> Upami bener ... Jigana mah otonomi daerah = kerajaan?
>
> Salam,
> *mia
>

Kirim email ke