Nu jelas mah ulah loba teuing mall. Jiga di Bogor mani unggal pojok aya mall, tungtung na mall teh teu optimal alias loba kosongna, mubazir ngarana.
Nu matak macet ige loba teuing mobil pribadi nu eusina ngan hiji penumpang. Jadi we meakeun jalan katambah teu darisiplin deuih nu mawana. Jadi lain ku masalah nata kota wungkul. Nata sikep jelma oge perlu. Sent from my BlackBerry® powered by | Runa Inawan™ | Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id -----Original Message----- From: oman abdurahman <[email protected]> Sender: [email protected] Date: Sat, 2 Jul 2011 18:43:52 To: <[email protected]> Reply-To: [email protected] Subject: Re: [kisunda] Kota Bandung Kota Pelajar atawa Kota Pajabat ? Anu puguh mah ayeuna2 ieu Bandung rudet pisan ku macetna, utamana poe Sabtu jeung Minggu oge poen liburan sejenna. Macet dimana-mana. Nata kota Bandung geus nyedek kudu dilakukeun, naha rek jadi kota pendidikan jeung kota pensiunan plus ekonomina tina wisata budaya jeung kuliner. Atawa, rek jadi kota mall, toserba, jeung pabrik tekstil/garment campur jeung kota pendidikan, pensiunan jeung wisata kuliner? Anu jelas, perumahan/pemukiman geus waktuna diwatesan. Oge pabrik2 (tekstil/ garment jeung industri sejenna) geus waktukan dihengker, ulah diumbar wae. Cai anu hayoh wae disedot tina jero taneuh - utamana keur proses industri - di sababaraha wewengkon saperti di Rancaekek, geus ngabalukarkeun ngabelebesna (amblesna) lahan nepi ka jalan raya di daerah Rancaekek mah haben unggal taun diluhuran (sabab lamun teu diluhuran baris pibahlaeun banjir). Pon kitu keneh cai teneuh di komplek2 pemukiman/perumahan di pasir-pasir sacbudeureun Bandung anu disedot pikeun warga eta paimahan ngabalukarkeun turunna beungeut cai oge susudna sababaraha sirah cai. Cai bakal jadi masalah - malah memang ayeuna geus jadi masalah di sababaraha tempat - di Kota Bandung manar 2011/7/2 Ki Hasan <[email protected]> > ** > > > Kota para pensiunan jigana mah. Bandung, Yogya, oge Malang, ampir sarua > kondisina. Jadi pilihan nu rek parensiun, bari maturan anakna sarakola. > > > 2011/7/2 Jalak Pakuan <[email protected]> > >> ** >> >> >> Bandung mah kawas Yogya, sing saha nu kungsi kuliah komo meunang jodo ka >> urang dinya ampir dipastikeun ngajrek atawa boga imah. Plus nu beunghar, mun >> anakna kuliah didinya lain kos2an tapi meuli imah. Tuluuy kulantaran puncak >> macet nya liburan mending didinya, batan bolak balik cicing di hotel antugna >> meuli imah. >> >> Jadi kota naon atuh nya? >> >> Makarya Mawa Raharja >> >> *Dari:* Gus Maman <[email protected]> >> *Kepada:* [email protected] >> *Dikirim:* Jumat, 1 Juli 2011 23:14 >> *Judul:* [kisunda] Kota Bandung Kota Pelajar atawa Kota Pajabat ? >> >> >> Cirina upami nuju libur sakola lalulintas lancar. >> Ciri kadua, upami aya upacara/apel jalanan dimana-mana macet. >> Duka angka statistik nu pastina, sigana mun aya urang Indonesia terus jadi >> pajabat di daerah mana wae, >> boh di Pulo Jawana, atanapi Pulo Sumatra-Kalimantan, Nyararieun Imah di >> sabunderan Kota Bandung. >> >> :) >> >> >> > >
