Isukna deui perang diteruskeun; ayeuna mah para pasukan boh ti pihak Kurawa boh 
Pandawa, kacirina kurang deui sumanget rek merangan; maranehna sigana leuwih 
hayang nyaho hasil tarung antara Arjuna lawan Karna. Dua Pasukan kacirina cease 
fire; teu dicaram ku Karna atawa Drestadjumna oge; jeung saperti nu geus 
jangjian dua pihakanana nyieun pager nu ngalingkungan hiji lahan gede jeung 
lega pikeun tarung dua Pahlawan; nya eta ti Astina/Kurawa Karna; ti Pihak 
Pandawa Dananjaya atawa Arjuna.

Dua pihakanana rame adu renyom ayeuna mah mangmeunangkeun jagona masing2; jelas
Pasukan Kurawa yakin pisan KARNA nu bakal meunang; lantaran cenah kamari ge 
kapan Arjuna ampir2an. Yapi ti Pihak Pandawa oge teu eleh geleng, pajarkein ah 
pantes we kamari Dananjaya eleh lantaran can perang beneran, lantaran masih 
nguluwut ku tiwasna Guru Drona sareng ku towasna Wersasena. Ari ayeuna mah beda 
deui pek we niktikrun.
Nepi ka akhirna mah ku sabab adu regeng soal ngajagokeun; aya nu ngomong kieu 
:"Sok siah wani sabaraha, ngajagokeun Arjuna teh ? Aing mah wani nyekel Karna, 
keun we ledis gajihan tei naon2 sabab auing yakin yen Karna bakal meunang !

Ah sok aing ge wani lah ! gajih uing sabulaneun tah rek dipasang pikeun 
Dananjaya !

Eeeeh ke heula boa gajih ilaing mah leuwih leutik, rugi tah uing !

Hiji kokolot peajurit datang nengahan, sik we lah ari rek tarohan mah ku uing 
dicekel duitna duanana; sing adil we ayeuna mah; sok saayana duit ayeuna we; ke 
nu meunang ku uing dibayarna ! Atuh rame nu tarohan ge waktu harita !

Tapi lolobana para prajurit mah salusurakan bari muji2 jagona; mani pa ting 
corowok !
Durtodhana katingal mingpin cocorowokan:" Heh para prajurit Kurawa saha nu 
kamari keok !?"

Para prajurit Kurawa saur manuk :" Arjunaaaa !"

Suyudhana :" Saha Ksatriya nu adil !?"

Saur manuk :" Karnaaaaa !!! Jaya basukarna ! Jaya Mahasenapati Astina !"

Pihak Pandawa embung eleh, terus pating corowok :" Saha nu meunang perang di 
Wirata !"

prajurit Pandawa saur manuk :" Arjunaaa !"

Saha nu dibangkol di perang Wirata !?"

Saur manuk :" Karnaaaa !"
Ger surak mani ting jarerit !

Suyudhana amarah pisan :" Eh ayeuna mah ayeuna weh ! Tong make mamawa perang 
wirata sagala !" di tambahan ku para prajurit :" Dirgahayu Karna ! tiwaskeun 
Arjuna !"

Bhima narang nguping raongna para prajurit Kurawa teu tahan enggal nyororwok, 
dimana corowokna nandingan rebuan jalma :"Eh Kurawa Astina geus dipi,pim ku 
anak kusir ! Hahahaha !"

Ger Pasukan Pandawa sarurak mani ayeuh ayeuhan !

Akhirna Karna kaluar bari nganggo busana perang nu hurung herang; ti beulah 
ditu oge Arjuna datang bari boasa nyepeng Gandewa sakti nu kenging ti na 
saembara Putri di Pancaladriya.

Harita langit katingal alum teras bray caang; sareng teras aya hujan kembang nu 
warna warni; Karna sareng Arjuna tong ningl yen para Dewa lumungsur bade nonton 
ieu dua Satriya utama tarung. Enggal Arjuna sareng Karna nyembah. Nu sanes ,ah 
teu ningalieun.

Saterusna Karna nyarita ka Arjuna:" Hahahaa. bagea Partha ! Naha andika geus 
sehat !?"

Arjuna :" Tong loba catur Karna; itu para Pasukan jeung para Dewa geus teu 
sabar hayang nempo sirah Karna ngagulitik !:

Karna:" Hahahaha, kapan jelas kamari ge sampean teh asor Partha ! Komo atuh 
ayeuna; Kaula memang poe ieu moal mere kasempetan deui kawas kamari."

Arjuna enggal ngajungjungkeun gondewana tanda siap rek nyerang; Karna oge bari 
imut enggal siap2; kusir duanana tos pada siap sadia ngamudi kareta. Kresna 
Salya bakal ngadu katapisan di na bagbagan nyekel kadali.

HANCA

Kirim email ke