Nu mimiti mentang Gondewa Arjuna; teras Karna ngalayanan mentangkeun jamparing 
pge; dua pihah tos ngaluarkeun kabisana di mentang jamparing; kitu deui kusir 
nu dua; boh Salya boh Kresna duanana rikat pisan balucat balicet; hese diserang 
ku panah; jadi dua pihakanana sering laluput; masing leres tos jarago panah 
oge; lantaran memang KUSIR kareta duanana oge jempolan pisan. Atuh ramepara 
pasukan ti dua pihakanana sarurak ting jarerit. 

Ayeuna lain ngan ukur muji Karna atawa Arjuna wungkul; tapi oge muji ka na 
ksantikaan jeung kapiawaian dua KUSIR Salya lan Kresna. Atuh perang mani campuh 
pisan; duanana duka tos sabaraha ratus panah dipake manahan lawan tapi keukeuh 
hese pisan; duanana terus silih incer silih keceng; bari kareta mah ting 
belesat ting siriwik bulak balik muter; kadang kala padeukeut kadang kala 
ngajauhan; karetana mah duanana tos pinuh ku panah; tapi jalmana mah can aya 
anu kakeunaan; kahji kusirna jarago; kaduana duanana oge boh Karna boh Arjuna 
tarapis pisan di na nakis ayana serangan panah teh.

Mun harita aya JAM; meureun ieu perang teh geus aya TILU jamna harita ; tapi 
sanajan kitu duanana tetep sumanget ; teu aya sugan cape atawa lungse; estu 
duanana atawa dua pihakna ngaluarkeun kahlian masing2;boh di na ngadu 
kapinteran panah;boh di na katapisan ngadali kuda kareta. 

Ku sabab sacara biasa teu mental; Arjuns nglurkeun JURUS nu arang dikluarkeun 
ka nu sejen mah; Arjuna luncat na kareta; sirah napak ka na dasar kareta ari 
suku ngacung kaluhur; eta kalakuan teh ditulisna mah PANJNG; tapi 
ngalakukeunana Arjuna ngan sakilat pisan; di na posisi kitu manah ka Karna mni 
ngan sajorelat !

Karna kitu dui Salya kacida reuwasna cep bae ayeuna mah Karna kakeunaan ! Geeer 
wae Pasukan Pandawa surak ting jarerit ! Tapi eta panah digibegkeun ku Karna 
teras ragrag ; saterasna Kaana males ku JURUS nu memang geus diajam 
pikeunnyerang Dannjaya; ka batur mah tara dikaluarkeun sama sakali !

Serangan panah t tilu jurusan Luhur tengah jeung handap; dimana 
tanagantiluanana oge sarua; mun ditakis nu luhur pasti nu tengah jeung handap 
bakal niban; hese ditakisna.

HANCA 

Kirim email ke