Tos kasabaraha kalina Gus Maman ngajejeleh lan ngadumundingkeun syariat Islam 
sareng budaya sunda, asana tos waktosna abdi nyarios EUREUN!

Punten nya palawargi, abdi gaduh patarosan khusus kangge Gus Maman, pami 
syariat qishosh anu sacara jentre hartosna males kajahatan ku hukuman satimpal 
dianggap ku Gus Maman biadab, naha di urang make aya paribasa hutang uyah bayar 
uyah hutang nyawa bayar pati? atuh pami kitu mah urang sunda teh biadab oge? 
Naha mun aya nu tabrak lari atanapi nyopet/maling sok disiksa dugika kojor? 
Naha sok remen kacaturkeun ngeunaan teluh, baruang, jst? Mun kitu mah panginten 
saur panggalih Gus Maman teluh nu susulumputan langkung beradab tibatan hukuman 
nu ditembrakkeun ka umum tur diatur ku nagara atanapi majelis nu gaduh otoritas.


Anu kaduana, naha dina carita2 anu asli asalna tina budaya sunda, aya 
kacarioskeun hukum pati? Mangga tingal dina carios ronggeng tujuh, pan jelas2 
bajo anu tos teu walakaya langsung ditelasan harita keneh tanpa pangadilan. Oge 
carios Ratu Sima ti Kalingga nu neukteuk leungeun putrana pedah ngeserkeun 
kendi di alun2. Atanapi carios jaman wilwatika ngeunaan hukum picis di alun2. 
Atuh kabehdieunakeun hukuman gantung jaman walanda. Naon eta hartosna?


Anu katiluna, na kapi kumaha Gus Maman ka Snouk sareng rengrengan orientalis nu 
remen pisan nembrehkeun yen Islam teh budaya Arab, Qur an damelan Muhammad 
(SAW), kalebet hukum qishosh nu aya enasna dina Qur an disakompetdaunkeun 
sareng kabiadaban bangsa Arab. Padahal hukuman samodel kitu teu ngan ukur aya 
dina ajaran Islam wungkul, malih nu langkung sadis oge seueur. Samodel hukuman 
ditarik opat jurusan ku kuda di Cina, digantung bari digebugan ku Awi di Jepang 
jaman restorasi Meiji, disisit kulit sirah di Amerika, diparepeh, dilelepkeun 
bari dibeungbeuratan ku batu, jst. Padahal oge hukuman teukteuk beuheung mung 
sahiji alternative tina pilihan antara dihampura ku kulawarga/ahli waris 
jeung/atawa mayar diyat.


Abdi mah ningalna Gus Maman teu sabulang bentor, mung emang aya kaijid kana 
ajaran Islam teh kumargi tema ieu tos sababaraha kali diunggelkeun ka mailist. 
Duka panginten tujuannana mah ngarah urang sunda anu Islam janten ijid ka 
ajaran Islam nu leres, atuh anu di luar Islam beuki kandel ijidna teh. Ari 
kacindekan ti abdi mah kedah dibentenkeun mana anu budaya mana anu hukum nu 
sumberna ti Ajali.


Hapuntan bilih lepat sangki oge hapunten abdi janten sabulang bentor.
Nuhun,
Deni






>________________________________
>From: Gus Maman <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Friday, 15 July 2011 11:58 AM
>Subject: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya?
>
>
>  
>Janten kumaha maksadna? Upami bade CURHAT mah teu kedah KONGRES-KONGRES-an, 
>anggur mah mimilisan atawa EEFBIAN, kitu sanes?
>Si Kuring lebet ka group di EFBI, utamina anu khas (paling sunda?) pisan 
>nyaeta TANGTUNG SUNDAYANA. 
>Group ieu sering ngabahas soal Sunda, tanpa/minus (budaya) Islam. 
>Ningali kanyataan pelaksanaan syariat(hukum) Teukteuk Beuheung anu kabeneran 
>keuna ka Ruhyati, nambih friksi anu kumaha sabenerna
>(budaya) Islam/Arab jeung Sunda.
>
>Punten rada mengpar sabulangbentor tina subjek judul, mung asa kapecut ku 
>kalimat 'TEU WALAKAYA', asa urang Sunda nu jadi TKW di Arab.
>
>:)
>
>Pada Jum, 15 Jul 2011 08:20 ICT Jalak Pakuan menulis:
>
>>Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan KBS IX. Duka 
>>beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana ngagambarkeun kaayaan, 
>>aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring:
>>1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa dipadungdengkeun di 
>>milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya bedana jeung di milis. Jadi 
>>patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah dikongreskeun dibanding dimilis?"
>>2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan make rasa, boh dina nempo 
>>masalah oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet asa jadi forum 
>>"curhat".... Miskin panalungtikan nu jero kitu? 
>> 
>>Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho softcopyna 
>>diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya nyungkeun bantosan, ongkosna ku 
>>abdi digentos. 
>> 
>>salam
>>JP
>> 
>> 
>> Makarya Mawa Raharja
>> 
>>. 
>>
>
>
> 
>
>

Kirim email ke