Di urang ge nu kitu mah teu kirang atuh Kang. Anu korupsi milyaran trilyunan 
pan ngabaheuhay di luar nagreg, dibui ge paling lami opat taun bari di sel VVIP 
pleus bebas kaluar iraha wae, ari nu maling hayam lantaran lapar digebugan 
dugika modar teu ngambeu pangadilan-pangadilan acan, nini2 pikun mulung coklat 
dipanjara opat bulan bari dicarekan diera-era. Na naon bentenna? Kacindekannana 
argumen Kang Ilen gugur, hehe, punten heurey....:D


Saur abdi mah sanes masalah bangsa mana-mana kaadilan kateuadilan di dunya mah, 
nanging masalah saha nu kawasa saha nu teu walakaya...




>________________________________
>From: ilen kardani <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Saturday, 16 July 2011 1:17 AM
>Subject: Re: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras nu teu 
>walakaya?)
>
>
>  
>Urang ge papada apal, mun bangsa urang nu ditandasa ku urang arab maranehna 
>bebas teu di hukum tapi sabalikna mah teu bisa, kitu buktina.
> 
>
>
>
>________________________________
> From: Gus Maman <[email protected]>
>To: [email protected]
>Sent: Fri, July 15, 2011 11:04:36 PM
>Subject: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya?)
>
>  
>Sederhana we kuring mah. Jahiliah teh hartosna bodo katotoloyo. TKW ngabela 
>diri lantaran arek diperkosa ku majikana atawa dulur majikanana nu matak mawa 
>pegat nyawa kanu merkosana. Kuduna mah aya pertimbangan hukum anu ADIL. 
>Komponen dimana ragragna vonis ku hakim teh kudu aya saksi, pengakuan, bukti 
>jeung MOTIP/sabab ngabunuh. Kurang hiji vonis hukum teu sah. 
>Puguh lamun aya rampok ngarampok terus maeahan nu dirampokna, pantes lamun 
>dihukum pancung. Ieu mah TKW anu niatna Jihad nyiar kipayah maenya terus 
>modaran jelema. Tah palebah dieu Arab bodo katotoloyo teu boga uteuk.
>
>Palebah mana kuring ngajejeleh Islam ? Cik ulah tuduh apungan Jang !
>
>Pada Jum, 15 Jul 2011 21:42 ICT Deni Indra Kelana menulis:
>
>>Muhun nun, sapuk. Mung tong hilap oge yen Gusti Alloh teh Al-'Adl wal Hasiib, 
>>maha adil tur maha balitungan.
>>
>>Perkawis ngangge uteuk atanapi henteuna saur abdi kedah ningal oge kasang 
>>tukangna, teu iasa kitu bae
 tunjuk irung batur ku curuk tapi nu opat deui nunjuk ka diri sorangan. Naon 
margi? apanan salian lantaran kulawarga nu hayang males pati oge masih seueur 
keneh faktor2 sanesna. Pami ditataan hiji-hiji kirang langkung: pamahaman para 
TKW/TKI kana sistem pangadilan satempat kalebet hukum qishosh, panyalindungan 
hukum ti pamarentah urang, ageung henteuna pangaruh diplomatik nagara urang, 
beres henteuna kinerja kamenterian luar negeri dina memeres kasus-kasus siga 
kieu, sistem perekrutan pleus pelatihan ti penyalur, puguh henteuna status 
kontrak kerja, jrrd.
>>
>>Janten panginten, teu aya gunana nyalahkeun hukum syariat, nu aya mah malah 
>>ngundang pacengkadan. Anggursi mending urang kapayunkeun naon adu manisna 
>>antara budaya urang sareng ajaran islam, sanes kalah siga anu resep pisan 
>>ngagugulung perbentenan teh. Pan bororaah kitu, dalah dua urang dulur 
>>saindung sabapa ge pan pasti aya wae
 bentenna...
>>
>>Nuhun,
>>Deni
>>
>>
>>
>>
>>
>>>________________________________
>>>From: Gus Maman <[email protected]>
>>>To: [email protected]
>>>Sent: Friday, 15 July 2011 6:38 PM
>>>Subject: Bls: Re: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya?
>>>
>>>
>>>  
>>>Sae. Muhun kedah wantun nyarios. Ulah osok EUREUN teu pupuguh.
>>>Abdi mah ningali hukum pancung di Arab Saudi anu berlaku ka TKW ayeuna teu 
>>>make polo, nyawa bayar nyawa teh kudu puguh motifna. 
>>>Da Gusti Allah mah ghufururrahim.
>>>
>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 13:45 ICT Deni Indra Kelana
 menulis:
>>>
>>>>Tos kasabaraha kalina Gus Maman ngajejeleh lan ngadumundingkeun syariat 
>>>>Islam sareng budaya sunda, asana tos waktosna abdi nyarios EUREUN!
>>>>
>>>>Punten nya palawargi, abdi gaduh patarosan khusus kangge Gus Maman, pami 
>>>>syariat qishosh anu sacara jentre hartosna males kajahatan ku hukuman 
>>>>satimpal dianggap ku Gus Maman biadab, naha di urang make aya paribasa 
>>>>hutang uyah bayar uyah hutang nyawa bayar pati? atuh pami kitu mah urang 
>>>>sunda teh biadab oge? Naha mun aya nu tabrak lari atanapi nyopet/maling sok 
>>>>disiksa dugika kojor? Naha sok remen kacaturkeun ngeunaan teluh, baruang, 
>>>>jst? Mun kitu mah panginten saur panggalih Gus Maman teluh nu susulumputan 
>>>>langkung beradab tibatan hukuman nu ditembrakkeun ka umum tur diatur ku 
>>>>nagara atanapi majelis nu gaduh otoritas.
>>>>
>>>>
>>>>Anu kaduana, naha dina carita2 anu asli asalna tina budaya sunda, aya 
>>>>kacarioskeun hukum
 pati? Mangga tingal dina carios ronggeng tujuh, pan jelas2 bajo anu tos teu 
walakaya langsung ditelasan harita keneh tanpa pangadilan. Oge carios Ratu Sima 
ti Kalingga nu neukteuk leungeun putrana pedah ngeserkeun kendi di alun2. 
Atanapi carios jaman wilwatika ngeunaan hukum picis di alun2. Atuh 
kabehdieunakeun hukuman gantung jaman walanda. Naon eta hartosna?
>>>>
>>>>
>>>>Anu katiluna, na kapi kumaha Gus Maman ka Snouk sareng rengrengan 
>>>>orientalis nu remen pisan nembrehkeun yen Islam teh budaya Arab, Qur an 
>>>>damelan Muhammad (SAW), kalebet hukum qishosh nu aya enasna dina Qur an 
>>>>disakompetdaunkeun sareng kabiadaban bangsa Arab. Padahal hukuman samodel 
>>>>kitu teu ngan ukur aya dina ajaran Islam wungkul, malih nu langkung sadis 
>>>>oge seueur. Samodel hukuman ditarik opat jurusan ku kuda di Cina, digantung 
>>>>bari digebugan ku Awi di Jepang jaman restorasi Meiji, disisit kulit sirah 
>>>>di Amerika, diparepeh, dilelepkeun bari
 dibeungbeuratan ku batu, jst. Padahal oge hukuman teukteuk beuheung mung 
sahiji alternative tina pilihan antara dihampura ku kulawarga/ahli waris 
jeung/atawa mayar diyat.
>>>>
>>>>
>>>>Abdi mah ningalna Gus Maman teu sabulang bentor, mung emang aya kaijid kana 
>>>>ajaran Islam teh kumargi tema ieu tos sababaraha kali diunggelkeun ka 
>>>>mailist. Duka panginten tujuannana mah ngarah urang sunda anu Islam janten 
>>>>ijid ka ajaran Islam nu leres, atuh anu di luar Islam beuki kandel ijidna 
>>>>teh. Ari kacindekan ti abdi mah kedah dibentenkeun mana anu budaya mana anu 
>>>>hukum nu sumberna ti Ajali.
>>>>
>>>>
>>>>Hapuntan bilih lepat sangki oge hapunten abdi janten sabulang bentor.
>>>>Nuhun,
>>>>Deni
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>
>>>>>________________________________
>>>>>From: Gus Maman <[email protected]>
>>>>>To: [email protected]
>>>>>Sent: Friday, 15 July 2011 11:58 AM
>>>>>Subject: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya?
>>>>>
>>>>>
>>>>>  
>>>>>Janten kumaha maksadna? Upami bade CURHAT mah teu kedah 
>>>>>KONGRES-KONGRES-an, anggur mah mimilisan atawa EEFBIAN, kitu sanes?
>>>>>Si Kuring lebet ka group di EFBI, utamina anu khas (paling sunda?) pisan 
>>>>>nyaeta TANGTUNG SUNDAYANA. 
>>>>>Group ieu sering ngabahas soal Sunda, tanpa/minus (budaya) Islam. 
>>>>>Ningali kanyataan pelaksanaan syariat(hukum) Teukteuk Beuheung anu 
>>>>>kabeneran keuna ka Ruhyati, nambih
 friksi anu kumaha sabenerna
>>>>>(budaya) Islam/Arab jeung Sunda.
>>>>>
>>>>>Punten rada mengpar sabulangbentor tina subjek judul, mung asa kapecut ku 
>>>>>kalimat 'TEU WALAKAYA', asa urang Sunda nu jadi TKW di Arab.
>>>>>
>>>>>:)
>>>>>
>>>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 08:20 ICT Jalak Pakuan menulis:
>>>>>
>>>>>>Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan KBS IX. 
>>>>>>Duka beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana ngagambarkeun 
>>>>>>kaayaan, aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring:
>>>>>>1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa 
>>>>>>dipadungdengkeun di milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya bedana 
>>>>>>jeung di milis. Jadi patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah 
>>>>>>dikongreskeun dibanding dimilis?"
>>>>>>2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan
 make rasa, boh dina nempo masalah oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet 
asa jadi forum "curhat".... Miskin panalungtikan nu jero kitu? 
>>>>>> 
>>>>>>Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho 
>>>>>>softcopyna diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya 
>>>>>>nyungkeun bantosan, ongkosna ku abdi digentos. 
>>>>>> 
>>>>>>salam
>>>>>>JP
>>>>>> 
>>>>>> 
>>>>>> Makarya Mawa Raharja
>>>>>> 
>>>>>>. 
>>>>>>
>>>>>
>>>>>
>>>>> 
>>>>>
>>>>>
>>>
>>> 
>>>
>>>
>
> 
>
>

Kirim email ke