Mun komentar kudu puguh deui. Mun salah benerkeun. Nu bener nya antepkeun. Mun wani oge ngilu ngomong ulah ngan bisa ngomporan wungkul.
:) Pada Jum, 15 Jul 2011 22:52 ICT Runa Inawan™ menulis: >Eh kalahkah jiga nu pasea.... >Gelut...gelut...hihihihi > >Nu katangkep ku kuring tina obrolan ieu nyaeta mun nulis kudu sing tarapti. >Mun salah nulis ngabalukarkeun salah harti. > >Geus lah kang gus kalah aduregeng ieu mah. > >Sent from my BlackBerry® >powered by | Ki Runa Inawan™ | >Twitter: @runainawan Fb: Runa Inawan >www.lipi.go.id www.biologi.lipi.go.id > >-----Original Message----- >From: Gus Maman <[email protected]> >Sender: [email protected] >Date: Fri, 15 Jul 2011 08:42:56 >To: <[email protected]> >Reply-To: [email protected] >Subject: Bls: Re: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras nu teu >walakaya?) > >Sababaraha kali ? >Cikan nu Mana deui Jang ulah nambih-nambih. Mendingan mun teu panuju langsung >harita keneh bales, ulah osok jadi ngarasa jadi team penilai (emangna >moderator ?). > >Numatak ku kuring ditanyakeun mana agama Islam, mana budaya Arab jeung mana >Sunda. Ulah ngan ukur nyebut beda Agama jeung Budaya, beda Arab jeung Islam. >Sok ateuh mun bisa ngabedakeun mah bedakeun kadinya, teu cukup ku nganilei >wungkul. Kumo bari nitah EUREUN cumarita. Emangnya saha maneh saha kuring ? >(tarjamah tina siapa eloeh siape gue). > >:) > >Pada Jum, 15 Jul 2011 22:23 ICT Deni Indra Kelana menulis: > >>Hehe, sanes tuduh apungan abdi mah, pan sidik tos sababaraha kali salira >>netelakeun aya jurang antawis budaya arab jahiliah (ALIAS ISLAM) sareng >>budaya sunda. ieu ku abdi dicopas: nambih friksi anu kumaha sabenerna(budaya) >>Islam/Arab jeung Sunda. >> >>Anu hartosna pami kedah dijentrekeun deui mah, urang sunda anu Islam teh >>nganut budaya asing arab jahiliah nu bodo katotoloyoh deui. Cik dina palebah >>mana eta teu ngajejeleh Islam? sederhana pisan. >> >>Nya Abdi salaku urang Sunda anu teu rumaos ngagem budaya Arab ngaraos kedah >>ngalelempeng, boh bilih pamadegan anu nyakompetdaunkeun antawis budaya Arab >>sareng syareat Islam teh beuki dipercanten ku nu rea. Pan aya kasauran, >>kakaliruan nu dipercaya ku jalma rea sabage bebeneran bakal dijadikeun tolak >>ukur bebeneran sanes? sakali deui Arab nya Arab, Islam nya Islam. >> >>Mangga geura korehan deui hukum qishosh sareng aturan pangadilan, pan tetela >>benten deui hukumannana anu ngabela diri ku lantaran diperkosa mah, kedahna >>oge bebas. Pami aya anu kajantenan dugika hanteuna di-qishosh, nya >>kamungkinannana nu dihandap tea, teu paham, teu dibelaan, teu aya bekel nu >>cukup jang nyaba digawe ka lembur batur, jeeste, ulah samata-mata >>neumbleuhkeun kana syariat. Pami kalakuan urang Arab teu boga polo, bodo >>katotoloyoh, eta mah kalakuan jalmina, nya panginten aya pangaruh tina >>budayana. >> >> >> >> >>>________________________________ >>>From: Gus Maman <[email protected]> >>>To: [email protected] >>>Sent: Saturday, 16 July 2011 1:04 AM >>>Subject: Bls: [kisunda] adu manis (re: KBS, forum Curhat ras nu teu >>>walakaya?) >>> >>> >>> >>>Sederhana we kuring mah. Jahiliah teh hartosna bodo katotoloyo. TKW ngabela >>>diri lantaran arek diperkosa ku majikana atawa dulur majikanana nu matak >>>mawa pegat nyawa kanu merkosana. Kuduna mah aya pertimbangan hukum anu ADIL. >>>Komponen dimana ragragna vonis ku hakim teh kudu aya saksi, pengakuan, bukti >>>jeung MOTIP/sabab ngabunuh. Kurang hiji vonis hukum teu sah. >>>Puguh lamun aya rampok ngarampok terus maeahan nu dirampokna, pantes lamun >>>dihukum pancung. Ieu mah TKW anu niatna Jihad nyiar kipayah maenya terus >>>modaran jelema. Tah palebah dieu Arab bodo katotoloyo teu boga uteuk. >>> >>>Palebah mana kuring ngajejeleh Islam ? Cik ulah tuduh apungan Jang ! >>> >>>Pada Jum, 15 Jul 2011 21:42 ICT Deni Indra Kelana menulis: >>> >>>>Muhun nun, sapuk. Mung tong hilap oge yen Gusti Alloh teh Al-'Adl wal >>>>Hasiib, maha adil tur maha balitungan. >>>> >>>>Perkawis ngangge uteuk atanapi henteuna saur abdi kedah ningal oge kasang >>>>tukangna, teu iasa kitu bae tunjuk irung batur ku curuk tapi nu opat deui >>>>nunjuk ka diri sorangan. Naon margi? apanan salian lantaran kulawarga nu >>>>hayang males pati oge masih seueur keneh faktor2 sanesna. Pami ditataan >>>>hiji-hiji kirang langkung: pamahaman para TKW/TKI kana sistem pangadilan >>>>satempat kalebet hukum qishosh, panyalindungan hukum ti pamarentah urang, >>>>ageung henteuna pangaruh diplomatik nagara urang, beres henteuna kinerja >>>>kamenterian luar negeri dina memeres kasus-kasus siga kieu, sistem >>>>perekrutan pleus pelatihan ti penyalur, puguh henteuna status kontrak >>>>kerja, jrrd. >>>> >>>>Janten panginten, teu aya gunana nyalahkeun hukum syariat, nu aya mah malah >>>>ngundang pacengkadan. Anggursi mending urang kapayunkeun naon adu manisna >>>>antara budaya urang sareng ajaran islam, sanes kalah siga anu resep pisan >>>>ngagugulung perbentenan teh. Pan bororaah kitu, dalah dua urang dulur >>>>saindung sabapa ge pan pasti aya wae bentenna... >>>> >>>>Nuhun, >>>>Deni >>>> >>>> >>>> >>>> >>>> >>>>>________________________________ >>>>>From: Gus Maman <[email protected]> >>>>>To: [email protected] >>>>>Sent: Friday, 15 July 2011 6:38 PM >>>>>Subject: Bls: Re: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya? >>>>> >>>>> >>>>> >>>>>Sae. Muhun kedah wantun nyarios. Ulah osok EUREUN teu pupuguh. >>>>>Abdi mah ningali hukum pancung di Arab Saudi anu berlaku ka TKW ayeuna teu >>>>>make polo, nyawa bayar nyawa teh kudu puguh motifna. >>>>>Da Gusti Allah mah ghufururrahim. >>>>> >>>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 13:45 ICT Deni Indra Kelana menulis: >>>>> >>>>>>Tos kasabaraha kalina Gus Maman ngajejeleh lan ngadumundingkeun syariat >>>>>>Islam sareng budaya sunda, asana tos waktosna abdi nyarios EUREUN! >>>>>> >>>>>>Punten nya palawargi, abdi gaduh patarosan khusus kangge Gus Maman, pami >>>>>>syariat qishosh anu sacara jentre hartosna males kajahatan ku hukuman >>>>>>satimpal dianggap ku Gus Maman biadab, naha di urang make aya paribasa >>>>>>hutang uyah bayar uyah hutang nyawa bayar pati? atuh pami kitu mah urang >>>>>>sunda teh biadab oge? Naha mun aya nu tabrak lari atanapi nyopet/maling >>>>>>sok disiksa dugika kojor? Naha sok remen kacaturkeun ngeunaan teluh, >>>>>>baruang, jst? Mun kitu mah panginten saur panggalih Gus Maman teluh nu >>>>>>susulumputan langkung beradab tibatan hukuman nu ditembrakkeun ka umum >>>>>>tur diatur ku nagara atanapi majelis nu gaduh otoritas. >>>>>> >>>>>> >>>>>>Anu kaduana, naha dina carita2 anu asli asalna tina budaya sunda, aya >>>>>>kacarioskeun hukum pati? Mangga tingal dina carios ronggeng tujuh, pan >>>>>>jelas2 bajo anu tos teu walakaya langsung ditelasan harita keneh tanpa >>>>>>pangadilan. Oge carios Ratu Sima ti Kalingga nu neukteuk leungeun putrana >>>>>>pedah ngeserkeun kendi di alun2. Atanapi carios jaman wilwatika ngeunaan >>>>>>hukum picis di alun2. Atuh kabehdieunakeun hukuman gantung jaman walanda. >>>>>>Naon eta hartosna? >>>>>> >>>>>> >>>>>>Anu katiluna, na kapi kumaha Gus Maman ka Snouk sareng rengrengan >>>>>>orientalis nu remen pisan nembrehkeun yen Islam teh budaya Arab, Qur an >>>>>>damelan Muhammad (SAW), kalebet hukum qishosh nu aya enasna dina Qur an >>>>>>disakompetdaunkeun sareng kabiadaban bangsa Arab. Padahal hukuman samodel >>>>>>kitu teu ngan ukur aya dina ajaran Islam wungkul, malih nu langkung sadis >>>>>>oge seueur. Samodel hukuman ditarik opat jurusan ku kuda di Cina, >>>>>>digantung bari digebugan ku Awi di Jepang jaman restorasi Meiji, disisit >>>>>>kulit sirah di Amerika, diparepeh, dilelepkeun bari dibeungbeuratan ku >>>>>>batu, jst. Padahal oge hukuman teukteuk beuheung mung sahiji alternative >>>>>>tina pilihan antara dihampura ku kulawarga/ahli waris jeung/atawa mayar >>>>>>diyat. >>>>>> >>>>>> >>>>>>Abdi mah ningalna Gus Maman teu sabulang bentor, mung emang aya kaijid >>>>>>kana ajaran Islam teh kumargi tema ieu tos sababaraha kali diunggelkeun >>>>>>ka mailist. Duka panginten tujuannana mah ngarah urang sunda anu Islam >>>>>>janten ijid ka ajaran Islam nu leres, atuh anu di luar Islam beuki kandel >>>>>>ijidna teh. Ari kacindekan ti abdi mah kedah dibentenkeun mana anu budaya >>>>>>mana anu hukum nu sumberna ti Ajali. >>>>>> >>>>>> >>>>>>Hapuntan bilih lepat sangki oge hapunten abdi janten sabulang bentor. >>>>>>Nuhun, >>>>>>Deni >>>>>> >>>>>> >>>>>> >>>>>> >>>>>> >>>>>> >>>>>>>________________________________ >>>>>>>From: Gus Maman <[email protected]> >>>>>>>To: [email protected] >>>>>>>Sent: Friday, 15 July 2011 11:58 AM >>>>>>>Subject: Bls: [kisunda] KBS, forum Curhat ras nu teu walakaya? >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>>Janten kumaha maksadna? Upami bade CURHAT mah teu kedah >>>>>>>KONGRES-KONGRES-an, anggur mah mimilisan atawa EEFBIAN, kitu sanes? >>>>>>>Si Kuring lebet ka group di EFBI, utamina anu khas (paling sunda?) pisan >>>>>>>nyaeta TANGTUNG SUNDAYANA. >>>>>>>Group ieu sering ngabahas soal Sunda, tanpa/minus (budaya) Islam. >>>>>>>Ningali kanyataan pelaksanaan syariat(hukum) Teukteuk Beuheung anu >>>>>>>kabeneran keuna ka Ruhyati, nambih friksi anu kumaha sabenerna >>>>>>>(budaya) Islam/Arab jeung Sunda. >>>>>>> >>>>>>>Punten rada mengpar sabulangbentor tina subjek judul, mung asa kapecut >>>>>>>ku kalimat 'TEU WALAKAYA', asa urang Sunda nu jadi TKW di Arab. >>>>>>> >>>>>>>:) >>>>>>> >>>>>>>Pada Jum, 15 Jul 2011 08:20 ICT Jalak Pakuan menulis: >>>>>>> >>>>>>>>Hatur nuhun Mh ku nangkodkeun seratan, artikel, berita ngeunaan KBS IX. >>>>>>>>Duka beritana teu pas atawa memang eusina sakumaha ayana ngagambarkeun >>>>>>>>kaayaan, aya 2 hal nu katangkep ku sim kuring: >>>>>>>>1. Masalah2 nu diguar asana mah teu aya nu aneh, nu biasa >>>>>>>>dipadungdengkeun di milis2 kasundaan. Perkara solusina asa teu aya >>>>>>>>bedana jeung di milis. Jadi patarosanana: "naon atuh kaleuwihan masalah >>>>>>>>dikongreskeun dibanding dimilis?" >>>>>>>>2. Ceuk kuring nu kabaca dina kongres dominan make rasa, boh dina nempo >>>>>>>>masalah oge nyieun solusi. Ah naha katingal teh bet asa jadi forum >>>>>>>>"curhat".... Miskin panalungtikan nu jero kitu? >>>>>>>> >>>>>>>>Kumaha aya wargi nu tiasa masihan 24 makalah? Punten pami ridho >>>>>>>>softcopyna diemailkeun, atuh pami kedah difotocopy nya >>>>>>>>nyungkeun bantosan, ongkosna ku abdi digentos. >>>>>>>> >>>>>>>>salam >>>>>>>>JP >>>>>>>> >>>>>>>> >>>>>>>> Makarya Mawa Raharja >>>>>>>> >>>>>>>>. >>>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>>>> >>>>> >>>>> >>>>> >>>>> >>> >>> >>> >>> > ------------------------------------ Yahoo! Groups Links <*> To visit your group on the web, go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/ <*> Your email settings: Individual Email | Traditional <*> To change settings online go to: http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join (Yahoo! ID required) <*> To change settings via email: [email protected] [email protected] <*> To unsubscribe from this group, send an email to: [email protected] <*> Your use of Yahoo! Groups is subject to: http://docs.yahoo.com/info/terms/
