Aya carita kokolot di lembur uing, pakait jeung urusan bandera tea. Ieu kokolot teh ngalaman hiji kajadian di Bandung Kidul, asana sajaman jeung Mohamad Toha tea, kumaha getirna rek naekkeun bandera jaman harita. Cenah harita hayang naeukeun bandera teh teu sirikna kudu narohkeun nyawa, nyanghareupan tangtara Walanda.
Jigana wae eta urusan bandera beureum-bodas teh, dijadikeun alat ku para republikan pikeun ngabeungkeut sumanget masayarakat dina nyanghareupan Walanda. Sabab teu laluasa kitu wae, bisa naeukeun bandera dikerek kana tihang, nya salah sahiji alternatifna dibeungkeutkeun dina tihang suhunan imah. Tah jigana ti harita nepi ka kiwari ngabeulitkeun bandera dina suhunan teh jadi kabiasaan msyarakat urang. -mh- 2011/7/20 kang_arif <[email protected]> > ** > > > ** Punten, bade tumaros. > Baheula keur leutik keneh. Sok ninggali anu ngawangun imah, dina kayu pang > luhurna <naon disebatna nya? ....> Sok aya dibungkus ke bendera merah putih > jeung aya sababaraha pepelakan seperti pare jrrd. > > Tah, eta ayeuna masih aya keneh kitu dipraktekeun. Naon eta filosopina > jeung ti daerah mana asalna. Naha rata sakumna bansa sunda. ? > > Ari ayeuna kumaha. > Anu uninga, punten nyungkeun info. Sabab abi di lembur batur. Di aceh aya > ciri, imah na sok di gambar atau dipahat bulan bentang di beberapa bagian > bangunan. Siga bulan bentang bendera GAM. > > Diantos.. > Nuhun > > Powered by--KangArif--BlackBerry® >
