Nu sakaterang abdi mah Ki, abdi di kulawarga diarahkeun (secara tdk langsung) 
sina janten pagawe. Poko-na mah sakola teras damel. Sapertosna nilik paktor 
resiko, sepuh ngajurungkeun janten pagawe. 
Ayeuna nyobi2 "terjun bebas" geuningan nu janten paktor hahalang na teh sanes 
ti luar tapi "intern" tea. 
"Hoream" tah eta, ku alatan Hoream. 

Powered by Telkomsel BlackBerry®mun mayar nyambung mun teu mayar ngaleos

-----Original Message-----
From: Ki Hasan <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Wed, 27 Jul 2011 06:34:15 
To: Ki Sunda<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Cc: Urang Sunda<[email protected]>
Subject: [kisunda] Mental Usaha Urang Sunda?

Aya artikel lawas, lumayan ubar tiiseun
========
Mental Usaha Urang Sunda
Oleh Cecep Burdansyah
*› TJ Online -* Jumat, 9 Januari 2009 | 15:57 WIB

URANG Sunda sok muji ka Urang Padang: jago dagang. Urang Sundana sorangan
sok mepehek diri sorangan, euweuh kaludeung kana dagang. Tuluy sok
dipatalikeun jeung paribasa, bongkok ngaronyok bengkung ngariung. Leuwih
hade cicing di lembur kajeun hirup walur

Padahal paribasa kitu teh teu cop alias teu relevan dipatalikeun kana mental
usaha hiji seler, atawa hiji jalma. Pek we tingali, urang Tasikmalaya apan
katotol tukang lunta ka nu jauh ti lemburna, ngadon usaha ngiriditkeun
barang. Kuring boga babaturan di Makassar. Manehna nyebutkeun, loba urang
Sunda cenah di Makassar nu baroga toko, tur asalna mah tukang kiridit ka
kampung-kampung di Sulawesina teh. Ari urang Tasik apan eces urang Sunda,
lin?

Jadi soal mental rajin usaha jeung ngedul usaha mah teu di urang Sunda teu
di urang Padang. teu di urang Indonesia teu di urang Amerika. Eta mah geus
prah sipat manusa. Ngan palebah dorongan wae. Aya anu tina ngedul tuluy
robah jadi tanginas tur cingceung kana usaha, aya anu ngedul memang saumur
ngedul sakumaha dipecutna ge angger we siga hees jeung hees kabeukina, aya
anu memang ti leuleutik rajin tur tanginas, tapi teu munasabah deuih aya oge
anu tadina rajin tuluy jadi pangedulan.

Keur urang Sunda saenyana aya paribasa ti karuhun urang anu raket patalina
jeung soal ekonomi, anatara "Saeutik Kudu Mahi Loba Kudu Nyesa". Paribasa
apan cocog pisan jeung palsapah bisnis alias usaha. Di sakola bisnis mana
wae ge, rek di urang rek di mancanagara, sakuamaha nu kabaca tina litetarur,
prinsip saeutik kudu mahi loba kudu nyesa teh geus jadi palsapah bisnis
moderen. Basa akademisna mah meureun kudu efisien lebah ngagunakeun waragad,
bari hasilna angger mucekil. Sanajan modal usaha kurat-karet, keur pangusaha
anu tapis mah, pasti bisa makihikeunana. Atuh mun modalna sagala nyampak,
geus pasti hasilna mucekil tur bisa ngeureut neundeun. Malah usahana tuluy
mekar, nyieun cabang atawa usaha sejen.

Mental usaha, alias mental bisnis, memang patali jeung karakter atawa watek
hiji jalma. Ngan palebah disakompetdaunkeun ka seler mah, upamana we seler
Sunda mah teu boga karakter kana usaha, saenyana henteu merenah. Eta cenah
palebah di Bandung mah loba urang Sumatera anu teu eraan daek usaha ngampar
muka lapak, ari urang Sundana mah eraan, eta henteu merenah deuih. Geura di
Jalan Malioboro, da teu saeutik urang Sunda anu daragang. Di Jakarta ge
nyakitu.

Jalma anu hade atawa boga anleh kana bisnis, anu pangheulana katingali tina
sipatna, nyaeta daekan, tanginas, sagala diulik, jeung nu pangpentingna, teu
eraan. Tah ceuk para kampiun bisnis samodel Ciputra, Ram Charan jago bisnis
urang India, atawa Jack Welch nu kungsi jadi bos General Elektrik, musuh nu
sok ngahalangan ka urang pikeun ngalengkah rek usaha, saenyana musuhna the
lain batur, tapi urang keneh, nyaeta gede kaera jeung gede kasieun.

Jadi, samemeh prak ngalarapkeun strategi usaha, metakeun modal, tur
nangtukeun naon usahana, nu pangheulana kudu dilawan tur dipateni mah, era
jeung kasieun keur ngamimitian. Sieun Era ku babaturan, era ku tatangga, era
ku dulur, jeung sieun teu payu, sieun rugi. Cenah eta teh cucuk rungkang
keur saha wae nu rek ngamimitian usaha.
Masih keneh ceuk para jawara bisnis samodel ceuk Ciputra, Ram Charan jeung
jago-jago usaha ti Amerika Serikat, sanggeus bisa ngabinasakeun musuh nu
ngaranna era jeung sieun tea, ti dinya kakara ngalengkah kana uteuk, nyaeta
alat keur nangtukeun strategi usaha tur museur naon anu rek didagangkeun ku
urang.

Atuh mun kitu mah kudu sakola luhur, nya?

Memang saperti Ciputra, atawa saha wae kampiun bisnis, atikan teh kawilang
penting pikeun ngadorong saha wae anu hayang usaha. Ngan ulah salah harti,
atikan di dieu lain hartina salawasna kudu sakola luhur. Malah Ram Charan,
doktor ilmu bisnis anu elmuna diparake ku pangusaha-pangusaha jugala di AS,
nandekeun kieu: kaparigelan bisnis euweuh patalina jeung sakola luhur di
paguron luhur. Cindekna, sukses pangusaha euweuh patalina jeung kasangtukang
pendidikan akademis. Kitu apan pok-pokanana sakumaha anu kaunggel dina
bukuna: Know How, 8 Kaparilegan keur Pamingpin Sukses.

Memang omongan kitu teh lain sabongbrong. Puguh buktina. Geura we urang
tataan, jalma-jalma anu sukses dina usaha, umumna malah suksesna teh sabada
ngejat ti paguron luhur, ngarasa teu betah diuk dina bangku kuliah
ngabandungan dosen ngabamblam. Bill Gates, Michael Dell, Anita Roddick.

Tiluanana apan katotol raja bisnis. Bill Gate, ninggalkeun Universitas
Harvard demi ngulik Microsoft, tur ayeuna jadi jalma kahiji pangbeungharna
sadunya ladang dagang sofware Microsoft. Michael Dell ge nyakitu, ngejat teu
betah kuliah tuluy ngutak ngatik komputer, ayeuna jadi raja komputer merek
Dell. Anita Roddick, wanoja Italia anu ngumbara ka Inggris tuluy nyoba-nyoba
ngaramu tutuwuhan keur ngurus awak (kecantikan), nepi ka ayeuna The Body
Shop, pausahaan kosmetik milik Anita katotol pangsuksesna sadunya.

Malah, apan ahirna kalangan akademisi tah nu kahutangan budi ku jalma-jalma
samodel Bill Gates, Michael Dell, jeung Anita Roddick. Ayeuna apan bisa
disebutkeun urang geus gumantung kana alat-alat samodel komputer plus
sofware-na, kitu deui rek wanoja rek pria geus tangtu gumkantung kana
kosmetik. Tangtu wae,boh komputer, boh sofware, boh kosmetik geus teu
salawasna prdoduk Microsoft, Dell atawa Body Shop wae. Tapak lacak para
kampiun bisnis bieu teh geus loba anu nuturkeun, kaasup ku pangusaha ti
urang.

Urang Sunda geus boga kampiun-kampiun bisnis, copelna tingkat lokal tuluy
ngupuk sacara nasional. Upamana wae pangusaha dodol Picnic, apan merekna
dodol urang Garut ieu teh geus katotol, tuluy pangusaha warung sangu Ampera,
katotolna geus lain di Jawa Barat wae, sabab cabangna di Jakarta ge geus
kaimpungan ku selebriti. Ngan memang can ngajaul ka mancanagara. Kawasna,
pangusaha-pangusaha lokal di tatar Sunda kudu geuwat boga implengan keur
ngajaul ka tingkat regional, upamana wae katotol sa-Asia Tenggara we heula.
Sabab pauasahaan-pausahaan di Jakarta ayeuna keur tatahar nuturkeun tapak
lacak pausahaan-pausahaan di mancanagara, sangkan ulah jago kandang, tapi
kudu tembus ka mancanagara. Pausahaan media samodel Kompas Gramedia,
Ciputra, MNC (Sindo, RCTI, TPI), jeung grup Jawa Pos keur nataharkeun
sangkan jadi pausahaan anu go internasional. (cecep burdansyah)*

http://m.tribunjabar.co.id/read/artikel/4487/Mental-Usaha-Urang-Sunda

Kirim email ke