Na make nanya kitu sagala?...

Iih peupeuriheun migawenamah ti bubudak keneh, unggal taun tara towong, 
sageuy ari geus baleg mah boga pikiran natanyakeun naon leuwihna ti 
puasa puasa lain di sunda nu sakitu euyeubna. Keur sunda mah –nu masih 
keneh kagedekeun ku kabiasaan kasundaan- puasa teh hal nu lumbrah ti 
babaheula keneh nepikeun ka ayeuna najan lain bulan ramadhan oge.

Geus kuduna euy geus dewasa mah pengkuh nganggap wajib, moal henteu, 
daek / leuwih enya migawe lamun kaharti karasa kabukti leuwih 
alus/leuwih guna/leuwih hade tinu lain - henteu mah tinggalkeun we 
nanaonan milaku nu teu pati guna/kurang guna/ saukur kw2 kw3 jeung 
piraku nepi ka kolot ukur ngandel kana cenah, Mercayakeun wae kana beja. 

Matak urang huntukeun deui eusi ageman teh dikotretkeun sugan sugan pada pada 
semplak wajana pada pada papak qadarna bijil tina puputihna ameh 
enya jeung hate nyebut “marhaban ya ramadhan” teh lain pedah kailaharan 
jeung tuturut ka urang arab mungkul.

PANGANTEUR

I

Tangtu geus pada apal yen kecap  shaum, nu saharti jeung kecap puasa di 
sunda,  asal tina akar kecap sha-wa-ma nu hartina/maksudna nyaeta: ‘nahan’, 
‘teu usik’, ‘eureun’. Jadi, Cicing/teu usik/nahan/eureun  tina 
hiji pagawean/aktifitas –tina hal naon wae/ nu kumaha wae, saha/naon 
wae- disebut shaim atawa keur puasa,..nepikeun ka kana kalakuan lain 
jelema ge -kuda (sato)- nu teu usik/ngajeten teu daek leumpang/lumpat 
disebutna faras shaim (puasa).

Jadi shaum teh lain.....

----
manawi kaanggo landong nangeuy gado lengkepa di:

http://kasundaansundamenceger.blogspot.com/2011/07/puasa-ramadhan-nanahaon-jeung-nanaonan.html


salam baktos kasadayana
Eddy NUgraha

Kirim email ke