Mantep kang seratanana. Ngeunaan cau cavendish cenah mah ayeuna tos lokalan, 
sarua jeung kadu monthong nu tos ngebon lokalan. Aya deui nu jebul anyar kalapa 
bangkok...tah ieu mah masih impor. Cau raja sere mah kahareup leungit sarua 
umurna jeung generasi urang. Generasi ayeuna mah apal komo nepi ka beuki sele 
cau raja sere asa jajauheun. Mun rek kukulineran mah sugan we aya sele cau 
cavendish, teu keuna rasana keur urang2 tapi boa2 "nendang" ka barudak ayeuna.


jp

Dari: Dikdik <[email protected]>
Kepada: [email protected]
Dikirim: Rabu, 10 Agustus 2011 16:32
Judul: [kisunda] Re: Puasa - Pilih Sele Cau atawa Korma?


  
Urusan cau raja ceré (seré) ulah waka mikiran diekspor ki, dalah di dalam 
negeri oge asa na teh rada hese da nyiar-na teh. Ekspor mah pan biasana lamun 
produksina tos kasebut massal. 
Ngomong kieu soteh lain nanaon, kuring ge paling hobi kana cau cere teh, 
sasikat wae mah sajongjongan atuh....
Ngan orokaya sok hararese nyiar cau kitu teh. Mun sina milih buka jeung cau 
seré atawa korma, kuring milih cau seré. 
Ceuk pikiran malawidang malawading mah, jigana amun di arab harita aya cau raja 
cere, disunahkeun oge meureun buka ku cau/selé-na. Pan buka ngan ukur ku cai 
herang oge sunah atuh ki.
Lain nu dituju buka-na, tapi nu dituju puasana. 

Ulah waka mikiran cau ceré/seré atawa selé-na diekspor, mikirkeun heula bisa 
nahan cau luar weh kira2 mampu teu. Nu mahabu malah cau ti luar nagreg 
geuningan. Sok weh tingali di emol2/hipermarket. Dina aya-na cau seré, 
kuantitasna saeutik, hargana kasebut leuwih mahal.
Tah mun bisa mah nandingan jeung nyadiakeun cau ceré/seré jang pangsa pasar 
lokal nu kualitas alus tur rada tahan lila. Mun tos bisa kitu mah, bisa lah 
mikiran diekspor. 
Urusan fatwa mah nomer 17 boa, tong boro sunah kitu, dalah aya fatwa haram 
ngaroko ge (ti sabagean ulama) didenge kitu? Henteu apanan... Nu ngebul nya 
ngebul, nu kukulutus nya kukulutus. Masing2 weh geuningan.
Nu aya di urang mah pan sok loba nu resep nyeungseurikeun ka ulama teh, bari nu 
nyeungseurikeun ge teu ngarti urusan jeung elmuna. Dina munculna fatwa sunah 
ngadahar sele ceré/seré atawa cau-na, da moal pangaruh atuh di urang mah. 
Malahan mah paling2 disebut ulama euweuh gawe.

Ari urusan pahala mah, teu kudu jadi rame gara2 buka ku selé atawa ku korma 
atawa ku kolek sabenerna mah, nu jadi patarosan utamana mah paruasa teu? Deuk 
buka ku cai herang ge pan tetep sunah. tah eta nu jadi masalah teh. 

Jiga ayeuna2, loba jelema nu ngaributkeun lebaran oge THR ti awal puasa bari 
loba nu teu puasa.
Jadi esensi puasa teh leungit gara2 mikiran bungkus tibatan eusi.

Kitu pamendak kuring mah..
Hatur nuhun

Dikdik

--- In [email protected], Ki Hasan <khs579@...> wrote:
>
> Geus lumrah, mun bulan puasa, korma aya dimana-mana. Mun popularitas
> sele cau raja cere jiga korma,
> nu didukung ku iming-iming pahala sunnah, meureun unggal usum puasa
> ekspor sele cau raja cere ti Tatar Sunda
> bakal ngarambah ka mana-mana.
> 
> Aya moal kira-kirana para ajengan nu wani nyieun fatwa, yen buka puasa
> ku sele cau raja cere teu eleh pahalana
> ku ngonsumsi korma?
> 
> =====
> 
> Kolak Pisang Kepok, Menu Wajib Buka Puasa Gus Ipul
> Rabu, 10 Agustus 2011 | 15:36 WIB
> 
> TEMPO Interaktif, Surabaya - Bagi Wakil Gubernur Jawa Timur Saifullah
> Yusuf, kolak pisang kepok campur ketela pohon merupakan menu wajib
> saat berbuka puasa.
> 
> Untuk memenuhi kegemarannya itu, pria yang akrab disapa Gus Ipul itu,
> melalui ajudannya, selalu pesan kepada bagian rumah tangga untuk
> menyediakan menu ini pada setiap jamuan acara berbuka yang
> dihadirinya. "Kalau tidak ada kolak pisang kepok campur ketela rasanya
> kurang pas," kata Gus Ipul, Rabu, 10 Agustus 2011.
> 
> Mengenai menu satu ini, menurut Gus Ipul, istrinya Fatma Saifullah
> Yusuf memiliki tip khusus untuk membuat kolak, yaitu dengan santan
> campuran kedelai.
> 
> Dengan campuran kedelai, rasa eneg santan bisa dinetralisir sehingga
> yang dominan adalah rasa segar dan manis yang cocok untuk berbuka
> puasa.
> 
> FATKHURROHMAN TAUFIQ
> http://ramadan.tempointeraktif.com/hg/seleb_lebaran_10/2011/08/10/brk,20110810-351047,id.html
>


Kirim email ke