Assalaamualaikum wr.wb.

Dina raraga ngamumule sasih Romadhon nu pinuh ku kabarokahan, sapertos biasa, 
insyaallah bade diayakeun santunan sateuacan lebaran, ancer2 mah dina ping 
27-28 Agustus 2011, lokasi di Yayasan Kalifatulmuiz, Desa Pameungpeuk-Wanayasa, 
Purwakarta.
 
Ari bentuk baksosna mah, nyaeta mangrupa pembagian sembako, ari mustahiq-na: 
jompo, yatim, sareng murid-murid SLB (mayoritas ti keluarga nu kirang mampuh, 
di mana sakola oge teu dipungut biaya). Upami dana nu terkumpul langkung ti 
kebutuhan, biasana disisihkeun kanggo (baju/alat2 sakola) anak-anak boh nu 
yatim boh murid SLB. 

Data pihak nu berhak (mustahiq) samentawis ieu mah: jompo+yatim aya 102 urang, 
murid SLB aya 34 urang, total 136. Ancer2 rencana ngadamel bingkisan 150 paket, 
da kadang2 aya nu teu kadata. ngeunaan data, samentawis ieu nuju dilakukeun 
deui pendataan da tiap taun sok aya perubahan. Ari kasebat mustahiq mah 
saleresna langkung seueur ti eta, mung dipilihan deui nu memang peryogi pisan, 
misalna jompo nu tos sepuh.
Ancer2 biaya: 40rb-50rb per paket sembako, kumaha dana nu tiasa kakumpul, 
langkung ageung langkung sugema panginten nu nampina oge.
 
Bilih aya nu bade ngiringan babagi kabagjaan, mangga tiasa langsung transfer ka 
rekening:

132-000-5066-585 a.n. DIK DIK KURNIA/YAY.KALIFATULMUIZ
Bank Mandiri cab. Purwakarta
SWIFT code:  BMRIIDJA
 
Ulah hilap konfirmasi ka kuring (+628.161.868.454) atanapi ngirim surelek 
(email) ngeunaan: saha nu transfer, jumlahna, sareng tanggal transfer.
 
Sakitu nu kapihatur. Mugia naon nu ku urang sadayana parantos diupayakeun tiasa 
ngahasilkeun kaberkahan kanggo urang sarerea oge kanggo para mustahiqna. Mugia 
Allah nampi sagala amal ibadah baraya tur nambihan rejeki baraya sadayana. 
Amin. 

Hapunten upami email ieu kirang merenah, mung sakadar janten cukang lantaran.
 
Hatur nuhun.

Wassalaam.
 
 
Dikdik Kurnia

======================
Tambihan:

Bilih aya nu bade noong ngeunaan yayasan oge kegiatan taun2 kamari,  mangga 
tiasa ningal di: http://www.facebook.com/profile.php?id=100002712383355 atanapi 
search nganggo:  [email protected]

Pami hoyong noong lokasi ti luhur, copas koordinat ieu: 6°39'29"S 107°32'30"E 
lebetkeun kana search area di situs: http://wikimapia.org atawa  
http://maps.google.com

Kusabab Yayasan/SLB oge masih aya dina tahap lelengkah halu keneh 
(pembangunan), bilih aya baraya nu gaduh bongbolongan, usul, boh informasi 
kanggo pengembangan berkelanjutan, mangga langsung ngajapri ka kuring di: 
[email protected] atawa [email protected]



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke