di hiji tempat di luhur lemah indonesia.

dina hiji beurang di bulan romadon. aya nu keur dahar di warung nu geus make
lalangse, urang ngaliwat ka lebah eta warung, ningali suku rempeg. nyel
ambek, durugdug urang asup ka warung. si eta dicarekan. saha nu teu toleran?

sejen mangsa deui. masih di bulan romadon. panonpoe can wayah surup. aya nu
keur dahar di sisi jalan. teu puasa di jalan umum. urang nu keur puasa ge
kabeneran keur ngaliwat di eta sisi jalan. nyel ambek, asa teu dihargaan. nu
keur dahar dicarekan. saha nu teu toleran?

di bulan romadon di waktu nu sejen. panonpoe angger masih katingali
nyaangan. aya nu datang ka imah. bari ngosom, uluk idin, seja nyemah.
leungeun ramiping ku goreng pingping kolot pitik. urang nu keur puasa
modonghol amarah. nu deuk nyemah dicarekan. saha nu teu toleran?

tilu kajadian nu sarua. di bulan romadon di nagara nu beda. misalkeun
amerika sarikat. kira-kira, saha nu teu toleran?


-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk

Kirim email ke