Enya versi lengkepna mah panjang, matak lila lamun dulagukeun unggal
upacara, kabayang wae ngerek bandera oge - supaya pas jeung anggeusna lagu -
kudu ngarayap pisan, lamun versi anu lengkep anu dipake.

Ngan, dina versi anu lengkep aya bait2 anu rada mistis. Eta palebah
"Indonesia Tanah yang Suci", ras inget ka jaman kiwari. Rek suci kumaha ari
dipake korupsi, ngarampokan taneuh ti rahayat leutik, malingan kai di
leuweung2 geledegan atas nama "pembangunan", dipake ngajualan narkoba,
walunganana dikotoran, jsb kajahatan. Rek disebut suci kumaha? Atawa, eta
kalimah teh sabenerna negeskeun hiji visi, yen sakabeh rakyat Indonesia kudu
nyucikeun lemah caina tina hal ihwal sagala kajahatan anu matak
nyangsarakeun kahirupan? Nya teu jauh tina konsep "kabuyutan" atuh lamun
kitu mah.

Boa-boa sakali-kali mah penting nya ngalagukeun "Indonesia Raya" versi anu
lengkep ieu? Supaya ngingetan deui kana visi ngajadikeun Indonesia anu subur
ma'mur loh jinawi, taneuhna suci (tina hal ihwal kajahatan) jeung rahayatana
bagja.

manar

2011/8/18 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Masih arapal keneh, lagu Indonesia Raya?
> Keur ubar anti-pikun, taya salahna ngaluangkeun waktu sakeudeung, pikeun
> ngalenyepan lagu Indonesia Raya.
>
> =====
> Lagu Indonesia Raya Asli
>
> Uploaded by swaramuslim <http://www.youtube.com/user/swaramuslim> on Aug
> 7, 2008
>
> Lagu Indonesia Raya Asli ciptaan W.R Soepratman
> http://www.youtube.com/watch?v=CXAhT_E5vxA
>
>  
>

Kirim email ke