Kang Yuyun, henteu sabaraha, jalaran ngan jadi penulis kedua, eta oge
sasatna dipaksa ku kang Ahmad Samantho (Kang Anto). Sok sanajan kitu,
asal-ususl medalna eta buku si kuring apal jeung lumayan miluan icikibung.

Samemeh eta buku medal, si kuring jeung kang Oki nulis ngeunaan Atlantis oge
- salaku redaksi majalah "Warta Geologi", si kuring ngedit sacara aktif dua
tulisan karya penulis sejenna ngeunaan isu Atlantis. Tulisan-tulisan
ngeunaan isu Atlantis ieu tiasa dipaluruh di "Warta Geologi" versi e-file di
alamat ieu:
http://www.bgl.esdm.go.id/index.php?option=com_content&task=view&id=137&Itemid=40

Laju, dina tgl 25-27 Oktober 2010 aya seminar ngeunaan Atlantis anu
diayakeun ku Disparbud Jabar. Nya si kuring mimitina mah aktif dina
persiapan eta seminar teh salaku anu ngararancang proposalna, tapi dina
pelaksanaanana mah rada kurang aktif jalaran kasibukan gawe maneuh (ngan
hadir dina poe kahiji). Eta seminar teh diantarana diluuhan ku Oppenheimer
(anu nulis buku "Eden in the East") jeung Frakn Hoff ti yayasan Santos
(Santos alm anu nulis buku "Atlantis, the lost Continent Finally is Found")
salaku ti antara anu biantara dina eta seminar.

Sababaraha bulan saba'da Seminar, kang Anto ngarasa perlu ngumpulkeun
tulisan2 ngeunaan Atlantis dihijikeun dina hiji buku (sarupi "bunga rampai")
kalayan ditambahan ku tulisan2 ngeunaan kasang tukang filsafat pakait jeung
pemikiran2 samodel ayana Atlantis (ti Plato). Nya ngawujud wae jadi buku :
"Atlantis Peradaban Nusantara". Memang kang Anto penulis kahijina, sabab
anjeunna anu aktif ti mimiti ngumpulkeun bahan2 (kaasup sababaraha tulisan
Atlantis anu dimuat di Warta Geologi kalawan diedit deui). Oge anjeunna anu
ngedit awalna, si kuring minangka editor kaduana (kitu oge rada gura-giru da
diudag target medalkeun eta buku).

Ngeunaan lounching eta buku anu diluuhan diantarana ku p Dr. Effendi Gozali
(ahli komunikasi politik ti UI), Dr. Radar Panca Dahana (budayawan) oge
Prof. Abdul Hadi WM (Univ Paramadina), sareng p Oki Oktariadi, MSc (ti Badan
Geologi), ke sugan pareng urang guar dina jejer khusus ngeunaan Atlantis.
Oge pamadegan2 anu aya ngeunaan isu Atlantis sareng isu-isu anu pakait saena
diguar dina jejer khusus ngeunaan hal eta.

Cag.
manar




.

On Sat, Aug 20, 2011 at 8:21 AM, Yuyun Hernawan <[email protected]>wrote:

> **
>
>
>  Kamari teh, ka mall Ambassador, ngomean hape,****
>
> Tamba kesel nungguan, jalan2 ka toko buku, ari breh teh aya buku karangan
> Gan ****Oman********
>
> Kandel pisan, ngadongeng piramid di tatar Sunda****
>
> Panasaran, jadi hayang maca,****
>
> Anu jadi daya tarik, salian ti eusina, oge anu ngarangna, Gan Oman, dulur
> urang Sunda J****
>
> ** **
>
> ** **
>
> ** **
>
> Consider the environment - avoid printing this document****
>
> ** **
>  ------------------------------
>
> *From:* [email protected] [mailto:[email protected]] *On
> Behalf Of *****oman**** abdurahman
> *Sent:* Friday, August 19, 2011 10:31 AM
> *To:* [email protected]
> *Cc:* urang sunda; [email protected]
> *Subject:* [Urang Sunda] Astronomi dina budaya Sunda-seminar 19 Agustus
> 2011****
>
> ** **
>
>   ****
>
> Baraya,****
>
>  ****
>
>  ****
>
> Nembe ngalangkungan sms si kuring nampi uleman pikeun ngaluuhan acara
> seminar anu jejerna "Mengungkap Astronomi dalam Budaya Sunda". ieu seminar
> diayakeun ku jurusan Astronomi itb, dinten ieu, Juma'ah, 19 Agustus 2011 tbh
> 15 dugi ka rengse, tempatna oge di jurusan Astronomi itb, jln Ganesha no 10
> Bandung.****
>
>  ****
>
> Mangga, ka nu tiasa hadir kana eta acara, sms atawa japri wae heula k abdi,
> ke bade direkomendasikeun. Punten iberna ngadadak.****
>
>  ****
>
> manar****
>
>  ****
>
>  ****
>
> The information contained in this communication is confidential and may be
> legally privileged. It is intended solely for the use of those to whom it is
> addressed. If you are not the intended recipient, then you are hereby
> notified that any disclosure, copying, distribution or taking action in
> reliance of the contents of this information is strictly prohibited and may
> be unlawful. BAM International bv and its subsidiaries are neither liable
> for the proper and complete transmission of the information contained in
> this communication nor for any delay in its receipt. This e-mail message
> does not create any contractual obligations for BAM International bv and its
> subsidiaries.
>
>  
>

Kirim email ke