Hehe, sok aya-aya wae ari Kang Dudi. Naha ari sweeping teh kedah salawasna 
identik sareng anarki? Anarki mana antawis sweeping nyegel warung makan sareng 
nagogkeun pasukan satpol di karamean model pasar, mal, parapatan, jst pikeun 
mgabantuan pulisi ngajaga katartiban?
Saur abdi mah asana langkung payus kitu tibatan abring-abringan gegedor ka 
unggal warung, ngabarubahkeun. Asana langkung reugreug oge ongkoh pami ninggal 
nu diseragam rempeg ngajaga kaamanan. Sahenteuna pami aya nanaon teh gampil 
ngalaporkeunnana. Model pami kacopetan atanapi kajamretan teh kantun lapor, 
teras si pasukan kantim koordinasi misalna ngalangkungan hatong: "kancil hiji 
kancil tilu, sing waspada aya bagong hideungdi totopong beureum nyuruntul ka 
beulah dinya, pang megatkeun..." jst :D
Fungsi sanesna pan tiasa nitenan anu nyurigakeum di tengah karamean, ngirangan 
kasempetan anu niat curaling laluasa ngagadabah arta batur. Contona, pami aya 
anu ngulampreng teu puguh gawe nyampeurkeun batur nu rada meleng sura-seuri 
nepak tongong teh baris rada kamonitor..
Intina mah, satpol teh ulah eleh ku Pramuka atanapi Paskibra. Barudak sakola 
wae rido papanasan ngabantuan ngatur lalu lintas bari teu digajih, cik atuj ieu 
mah nu puguh digajih tiap bulan sing aya ketakna dina mangsa diperelukeun. Ulah 
ari sweeping gongli atanapi warung wae kacida galakna, katartiban nu saenyana, 
ngabebaskeun ruang umum ti jelema-jelema teu eucreug, teu dipalire.

-----Original Message-----
From: Dudi Herlianto
Sent:  23/08/2011 10:57:06 pm
Subject:  Re: [kisunda] Sweeping Warung Pas Puasa

tah ieu mah sapuk. hayu urang ajegkeun anarkisme. urang benum
anarkian-anarkian saloba-lobana haha

hirup ngepang!!! modar siah nagara!!! bagea obeliks!!! wilujeng sumping
asteriks.....

2011/8/19 Deni Indra Kelana <[email protected]>

> **
>
>
> Panuju Kang. Saur abdi mah tibatan sweeping warung makan anu milari rijki
> ku jalan halal, mendingan sweeping maling, copet, tukang tipu, tukang
> hipnotis, tukang bius nu milari nafkah ku jalan batil...
>
> ------------------------------
> *From:* "[email protected]" <[email protected]>
> *To:* [email protected]
> *Sent:* Friday, 19 August 2011 12:32 PM
>
> *Subject:* Re: [kisunda] Sweeping Warung Pas Puasa
>
>
>  Intina mah aya henteu saling ngahargaan, tepo seliro. Mun teu aya eta
> panyakitna. Sweeping mah symptom. Jadi mangga nu penting nu mana nu kedah
> dipesek.
> Powered by Telkomsel BlackBerry®
> ------------------------------
> *
> *
>
>
-- 
d-: dudi herlianto :-q
paciringan.wordpress.com
kunyuk nuyun kuuk, kuuk nuyun kunyuk



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke