ha..ha..sok isin kula mah, nya heueuh atuh puasa teh mindahkeun dahar beurang 
ka peuting, bari otak mikir-mikir buka engke jeung naon, kira-kira anu buka anu 
ngenah teh jeung naon...... otak teh eusina serba jeung naon jeung naon........
geus moal nyalahan sakumaha anu ditegeskeun dina hadits "loba jalma anu puasana 
tapi hasilna lapar jeung haus"
meureun puasa kitu anu mindahkeun dahar beurang ka peuting tea, akh KABAYAN 
.............

Dari: Abbas Amin <[email protected]>
Kepada: kisunda <[email protected]>; urangsunda 
<[email protected]>
Dikirim: Kamis, 25 Agustus 2011 12:50
Judul: [kisunda] Tajil na Bulan Puasa Taun ieu

  
Minangkana mah kuring mitembeyan bulan Puasa aya di JABAR teh
( Pan tadina mah di BPPN )

Tajil maghrib kamari ku Kolek Cau. Mani nikmat pisan. Hehehe masih sehat euy.
Da mun teu sehat mah sagala teu ngeunah tea. hehehehe tong 33X

Eh ampir poho; ku sabab lapar mata tea make meuli kadaharan India alias
Martabak; nya duanana oge kadahar lah; da peujit koreseun tea.

Ati maghtib kamarina mah biasa tea lah kasedep : Strop Cangkaleng !
Campur mutiara; plus cingcau. Tan pa ES da EOR teh atuh TIRIS pisan !

Kamarina mah Candil tea plus jojongkong ! Ari nu ngajejel beuteungna biasa 
empek2.
Ngan orokaya kalobaan teuing cuka jadi nyeri beuteung.
Waktuna tarawehan mani hese beleke.

Ari dahar Maghrib mah sok rada saeutik; paling mun nambah satengah porsi we lah.
Tapi mun saur bisa 3 piring. Hahhaha,

Naon ari deungeun sanguna ?
Teu pira lah asal aya we; hayam kudu OPOR da goreng hayam mah geus bosen.
Mun teu aya naon2 asal aya asin we tawa peda geus cukup keut dahar rewog !

Mham eta angeun kacang beureum ; eta mah ampir unggal poe; lantaran ki adi 
sagala teu asup tea; ari kuring mah ku sabab sagala beuki nya milu oge ka na 
eta angeun teh.

Akhirna mah asa pindah waktu dahar wungkul geuning PUASA teh ??

Hayoh we unggalpoe mikir dahar naon yeuh maghrib ieu !?

Hahahahaa........ ngan kuring we nu kitu mah KH sareng nu sanesna mah henteu 
panginten, NYA !? Komo kang Dik Dik mah tuh. Hahahahaha !






 

Kirim email ke