Poe ieu atanapi isukan tepung ka poe kameunangan, Idul Ftri... Sim kuring neda 
dihapunten rehna bilih aya karaheut atawa kanyeri ku letah atawa lampah sim 
kuring 

Taqaballahu minna wa minkum...
Minal aidzin wal faidzin...
Mohon maaf lahir dan batin...
(Jalak Pakuan/Tirtawijaya)
Powered by Telkomsel BlackBerry®

-----Original Message-----
From: "[email protected]" <[email protected]>
Sender: [email protected]
Date: Mon, 29 Aug 2011 22:15:54 
To: [email protected]<[email protected]>
Reply-To: [email protected]
Subject: RE: [kisunda]  Itsbat ttg 1 syawal


Wilujeng boboran sadayana, hapunten kapayunan, he2...
Oge, pami aya luhur saur bahe carek, nyuhunkeun dilubarkeun pisan...

Pun Deni sarimbit

-----Original Message-----
From: Waluya
Sent:  30/08/2011 1:28:22 am
Subject:  [kisunda] Re: Itsbat ttg 1 syawal

Teh Mia, kade ulah pabaliut sareng pananggalan Masehi, nu garis rubah tanggalna 
di sagara Pasifik (BUJUR 180 darajat) nu nyababkeun waktu di Indonesia "jadi" 
leuwih tiheula ti Arab Saudi. Kalender Hijrah mah, sakaterang kuring teu jelas 
dimana posisi GARIS ROBAH TANGGALNA. 

Naha mungkin Arab Saudi nempo hilal, ari di Indonesia henteu?  Ari pamikiran 
kuring mah mungkin wae,  sabab kalender lunar mah didasarkeun gerak dua objek: 
Revolusi bulan ngurilingan Dunya sareng rotasi Dunya nalira. Ieu ngakibatkeun 
dibeda tempat bisa beda sudut nempo bulanna. Contona dinten ayeuna, Pas magrib 
di Indonesia Hilal 1,5 darajat ti ufuk (nu cenah mustahil katempo) tapi pas 
mangrib Di Arab Saudi, kulantaran geseh waktu 5 jam jeung di urang, posisi 
bulan dina ngurilingan Dunya geus robah posisina (leuwih naek). Sanajan bumi 
oge muter, tapi kecepatan muterna dunya teu sami jeung kecepatan bulan 
ngurilingan Dunya (Kecepatan Sudutna). Akibatna, sudut posisi bulan ti ufuk pas 
magrib di urang moal sami jeung sudut posisi bulan ti ufuk pas magrib di Arab 
Saudi (dina dinten anu sami).

Meureun, nu diperyogikeun teh "kasapukan" heula, dimana posisina GARIS ROBAH 
TANGGAL kalender Hijrah? Salami teu aya kasapukan ieu, kateuakuran  ieu bakal 
terus-terusan aya.

Duka leres henteuna mah, sakadar ngancapruks, handeueul lebaran teu jadi isuk 
.....hehehehe


Baktos,
WALUYA

--- In [email protected], mia.lauder@... wrote:
>
> Baraya sadaya,
> 
> Punten yeuh, Saudi Arabia cenah Lebarana isuk Salasa. Ma'enya urang nu leuwih 
> Timur posisina rek lebaran poe Rebo? Jigana teu masuk akal ...
> 
> Baktos,
> *mia





Kirim email ke