Naha nya teu lebet ? Keun we diulang tah. ( dibalikan deui ) --- On Mon, 5/9/11, Abbas Amin <[email protected]> wrote:
From: Abbas Amin <[email protected]> Subject: Bharata Yudha ka 76 To: "kisunda" <[email protected]>, "urangsunda" <[email protected]> Received: Monday, 5 September, 2011, 4:39 AM Barang nuju galuntreng imbal wacana................. kasumpingan Pangeran Duryodhana sareng Para Pangawalna ! Barang Duryodhana ningal Dewi Kunthi nuju nangis bari mamangku layon Karna.......... nyel wae Duryodhana keuheul; teras wae eta layon Karna direbut sapada harita bari nyarekanan ka pihak Pandawa:"Eh tukang curang, curaling ! Tong api2 hanjakal siah ! Komo bari api2 diluluguanku Kunthi Dewi ! Kaula moal rek percaya ! Tngtu andika sakabehna aratoh ku matina Karna ! Make api2 leweh sagala !" "Yeuh Karna mah dulur Kula nu pangraketna ! teu meunang dilotoran ku awak2 sampeyan ! nu kotor jeung curaling !" Teu aya saurang oge Pandawa Lima nu hayang males atawa ngarebut layon Karna; sadaya sami2 isin, noga rasa rumasa; tur hormat ka Karna sakaligus ayeuna nu nyaah ka Karna. Sadayana sami maphum Duryodhana enyaan nyaahna ka Karna ! Ari Karna kapan lanceuk pandawa sadaya. Nu matak Pandawa caricing we teu gerak naon2. Atuh nya haritsa keneh diayakeun upacara ngahuru layonKarna bari dipasihan kahormatan anu kacida istimewana. Pandawa oge naringal we ti katebihan; ngahormat layon bari ngaheruk. Suyudhana barang ningali Pandawa masih aya didinya; teras wae nyorowok supaya Pandawa nyingkah; lantaran ngotoran kana kasucian eta acara. Nya atuh bari sedih para Pandawa sareng Sewi Kunthi lan Kresna nebihan ti eta tempat. Dewi Surtikanthi putrana Salya oge tos hadir teras labuh geni ngiringan ka KARNA. Hanca
