Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris causa 
(Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan November 
2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab masigit ARH 
di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim penasihat 
Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor honoris causa 
ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal naon-naon anu tos 
dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim eta, dua diantawisna 
non-muslim. Hasil penelaahan eta teras dikonsultasikeun sareng Dr. Alwi Shihab, 
salah saurang anggota MWA UI, anu kaleresan nyangking dubes RI keliling Timur 
Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk raja Arab dipasihan Dr. HC.

Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon 
(kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang. Dua 
kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia. Ahirna Ketua 
tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih mei ngadeuheus 
ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju nampi gelar eta, 10 
dinten sateuacan lebaran Idul Fitri.  Sasih Juni  geletuk aya kasus hukuman 
Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade dibatalkeun atawa diteraskeun 
masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr. Alwi Shihab mah, gelar doktor kedah 
tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya akibatna upama heunteu dilaksanakeun.


Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09), proses 
hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya lembaga husus 
anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba upami aya pangampunan 
ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira nadamel hiji lembaga kanggo 
ngusahakeun ngaringankeun para terkukum  qishas, malihan mah Raja ngadanaan 
sacara pribadi kanggo mayar denda (diat) upami pihak kulawarga korban 
nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses siga kieu anu teu sadaya urang 
Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja Abdullah dina laporan National 
geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina dinten terakhir puasa, kuring teu 
kantos ningali, tapi saur batur kuring mah, NG ngalaporkeun sacara obyektif & 
positif). Ping 14 September ieu, saur Thamrin Amal Tomagola, salah sawios motor 
anu kontra kana Dr. HC ieu, rektor UI bade disaur ku MWA UI, piwarang 
ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu. Para anggota
 MWA engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang" atanapi 
heunteu. Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha anu 
dipikahoyong ku Thamrin Amal Tomagola.


Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya laporan ti 
Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka urang Indonesia 
karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten aya hiji paguron di 
Indonesia  anu peringkatna langkung luhur ti paguron  anu aya di Nagri Arab  
ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa katingali dina pemberitaan di 
media arab. Reaksi siga kieu heunteu dipikaterang ku media di Indonesia sareng 
heunteu jadi bahan pamikiran ku para kalangan anu ngritik ka UI. Masih aya 12 
urang Indonesia anu ngantosan putusan hukuman Qishas. Rektor UI ngaraos yakin 
ku ayana masihan Dr. HC ka Raja Arab, 12 urang Indonesia Insya Allah tiasa  
diringankeun hukumanana. Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah sawios anggota tim 
penganugerahan Dr. HC, mangpaurkeun ku ayana "gonjang ganjing" Dr.HC ieu, Raja 
Arab "ngadawuh" masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. Upama hal ieu kajantenan, 
hubungan dua nagara tiasa
 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra Dr.HC.

baktos,

mrachmatrawyani



________________________________
From: Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
To: [email protected]
Sent: Sunday, September 4, 2011 11:50 PM
Subject: Re: [Urang Sunda] Bener kitu?


  
nu perlu disaliksik, saha nu boga alpukah pikeun mere gelar DHC? Da sakaterang 
mah aya prosesna, rektor mah ukur ngalaksanakeun mandat wungkul. iwal mun 
alpukahna ti GRS, pek bae rek dicehcer oge...


2011/9/3 mang jamal
Mangga ka urang UI, kang rachmat rawyani sigana tiasa masihan press release 
kanggo kusnet

 

Kirim email ke