Kuring kaparengkeun maca alesan Rektor UI masihan gelar DR HC ka Raja Arab dina 
koran Kompas.
Anu kahiji, Raja parantos ngadirikeun Universitas anu kaduana asanamah kaum 
hawana tiasa kuliah bareng jeung 
lalaki, anu katiluna aya upaya (kasadaran) diversifikasi energi alternatif, anu 
mana kasadaran ieu timbul
tina pamikiran hiji mangsa emas hideung(minyak) bakal beak.

Negara Arab emang nagara anu loba dipikangewa jeung dipikageuleuh sakaligus 
dipikasono numana aya 2 kota anu jadi pusat ritual anu diburu jeung dijugjug ku 
jelema-2 sadunya, ceuk cenah, nagara Arab pinuh ku hal-hal anu "kontradiktif". 
Ngadeskreditkeun Urang Arab meni asa pogot, (kaasup kuring meureun), komo media 
Barat mah. 

Kabayang lamun engka jaga pageto cadangan minyak di Semenanjung Arab beak, moal 
kitu bakal aya peperangan ?

Kadang kuring mikir, naha Gusti Alloh nyiptakeun suku Arab jeung Onta? 
Duka teuing atuh.

On Tue, 06 Sep 2011 09:01 ICT Ki Hasan wrote:

>Nuhun Kang Yani infona. Jadi rada imbang yeuh wartana
>
>2011/9/6 MRachmat Rawyani <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Taun 2008, aya nu ngusulkeun supados Raja Arab dileler doktor honoris causa
>> (Dr.HC) kana jasana anu luar biasa. (mangga tingali di Kompas Terbitan
>> November 2008, tokoh Raja Abdullah). Kaleresan tahun 2007 UI nuju ngarehab
>> masigit ARH di Kampus Salemba, kenging dana 13 Milyar ti karajaan Arab. Tim
>> penasihat Rektor UI anu ngahususkeun dina perkara masihan gelar doktor
>> honoris causa ngadamel hiji tim (peergroups) kanggo nalungtik sagala hal
>> naon-naon anu tos dilaksanakeun ku Raja Abdullah. Aya 4 opatan anggota tim
>> eta, dua diantawisna non-muslim. Hasil penelaahan eta teras dikonsultasikeun
>> sareng Dr. Alwi Shihab, salah saurang anggota MWA UI, anu kaleresan
>> nyangking dubes RI keliling Timur Tengah. Pak ALwi Shibah sapuk raja Arab
>> dipasihan Dr. HC.
>>
>> Rencana gelar Dr. HC bade dipasihkeun ka Raja waktos raja bade masemon
>> (kunjungan kanagaraan) ka Indonesia, tapi teu janten margi Raja teu damang.
>> Dua kali Raja teu janten ngayakeun kunjungan kanagaraan ka Indonesia. Ahirna
>> Ketua tim pemberian gelar Dr. HC UI, Prof.Dr. Ichramsyah, SpOG sasih mei
>> ngadeuheus ka Raja Arab, ngabadantenkeun gelar Dr. HC ieu. Raja Satuju nampi
>> gelar eta, 10 dinten sateuacan lebaran Idul Fitri.  Sasih Juni  geletuk aya
>> kasus hukuman Qishas Ruyati, bingung oge urang UI. Naha bade dibatalkeun
>> atawa diteraskeun masihan gelar ka Raja Arab. Ari saran Dr. Alwi Shihab mah,
>> gelar doktor kedah tetep dilaksanakeun, leuwih bahaya akibatna upama heunteu
>> dilaksanakeun.
>>
>> Masih saur Alwi Shihab dina acara Metro TV senin sonten kamari (05/09),
>> proses hukuman pancung di Arab teu tiasa diintervensi ku raja margi aya
>> lembaga husus anu ngalaksanakeun eta hukuman anu gaduh otonomi, kajaba upami
>> aya pangampunan ti kulawarga korban. Kumargi kitu Raja Arab nyalira nadamel
>> hiji lembaga kanggo ngusahakeun ngaringankeun para terkukum  qishas, malihan
>> mah Raja ngadanaan sacara pribadi kanggo mayar denda (diat) upami pihak
>> kulawarga korban nyuhunkeun bayaran denda. Sistem sareng proses siga kieu
>> anu teu sadaya urang Indonesia uninga. (tingali oge kiprah raja Abdullah
>> dina laporan National geographic/NG anu ditayangkeun metro tv dina dinten
>> terakhir puasa, kuring teu kantos ningali, tapi saur batur kuring mah, NG
>> ngalaporkeun sacara obyektif & positif). Ping 14 September ieu, saur Thamrin
>> Amal Tomagola, salah sawios motor anu kontra kana Dr. HC ieu, rektor UI bade
>> disaur ku MWA UI, piwarang ngadadarkeun perkara Dr.HC ieu. Para anggota MWA
>> engke nangtoskeun, naha tindakan Rektor UI teh "menyimpang" atanapi heunteu.
>> Upami menyimpang, Rektor UI tiasa "digulingkeun" sakumaha anu dipikahoyong
>> ku Thamrin Amal Tomagola.
>>
>> Ari katerangan Rektor dina konsferensi pers senen siang (05/09), aya
>> laporan ti Atase Pendidikan RI di Arab Saudi, persepsi masyarakat Arab ka
>> urang Indonesia karaos jadi robah sacara drastis. Urang Arab teu percanten
>> aya hiji paguron di Indonesia  anu peringkatna langkung luhur ti paguron
>> anu aya di Nagri Arab  ngaleler doktor Raja Arab. Hal ieu teh tiasa
>> katingali dina pemberitaan di media arab. Reaksi siga kieu heunteu
>> dipikaterang ku media di Indonesia sareng heunteu jadi bahan pamikiran ku
>> para kalangan anu ngritik ka UI. Masih aya 12 urang Indonesia anu ngantosan
>> putusan hukuman Qishas. Rektor UI ngaraos yakin ku ayana masihan Dr. HC ka
>> Raja Arab, 12 urang Indonesia Insya Allah tiasa  diringankeun hukumanana.
>> Tapi Prof.Dr. Maswadi Rauf, salah sawios anggota tim penganugerahan Dr. HC,
>> mangpaurkeun ku ayana "gonjang ganjing" Dr.HC ieu, Raja Arab "ngadawuh"
>> masihkeun deui gelar Dr. HC ka UI. Upama hal ieu kajantenan, hubungan dua
>> nagara tiasa 'ancur'. Sigana kajantenan ieu anu dipikahoyong ku anu kontra
>> Dr.HC.
>>
>> baktos,
>>
>> mrachmatrawyani
>>
>> ------------------------------
>> *From:* Kumincir Wikidisastra <[email protected]>
>> *To:* [email protected]
>> *Sent:* Sunday, September 4, 2011 11:50 PM
>>
>> *Subject:* Re: [Urang Sunda] Bener kitu?
>>
>>
>>  nu perlu disaliksik, saha nu boga alpukah pikeun mere gelar DHC? Da
>> sakaterang mah aya prosesna, rektor mah ukur ngalaksanakeun mandat wungkul.
>> iwal mun alpukahna ti GRS, pek bae rek dicehcer oge...
>>
>> 2011/9/3 mang jamal
>>
>>   Mangga ka urang UI, kang rachmat rawyani sigana tiasa masihan press
>> release kanggo kusnet
>>
>>
>>
>>
>>  
>>



------------------------------------

Yahoo! Groups Links

<*> To visit your group on the web, go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/

<*> Your email settings:
    Individual Email | Traditional

<*> To change settings online go to:
    http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
    (Yahoo! ID required)

<*> To change settings via email:
    [email protected] 
    [email protected]

<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
    [email protected]

<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
    http://docs.yahoo.com/info/terms/

Kirim email ke