Sabada sholat sunat biasa kg Haji nguriling silih ngabageakeun kusilih
ngahampura kadulur, tatangga teu milah kana naon nu di agemna tur nu
jadi kayakinan tiap-tiap jinisna, estu matak picontoeun pikeun barudak
kiwari nu sok masih gampang dipanasan ku jalma nu teu tanggung jawab.

Hiji waktu kg Haji sindang ka sepuhna, sujud sungkem nyuhunkeun
pangampura kasepuhna, sakumaha gelar naon wae di disandang ari kasepuh
mah teutep rengkuh hormat kasepuhna.........Jang Haji "ceuk nu jadi
Indung. Lumayan ieu aya Kopi Bodas ...... rek ditinyuhkeun moal? Bari nu
janten sepuh mah geuwat mang ninyuhkeun teu nungguan waleran heula. 
Kg haji ngahaturkeun nuhun ka sepuhna...teras sasauran.........emh
kiwari mah aya ku ayana nya ka anehan teh? Naon kitu jang... saur
sepuhna. 
Muhun, aya katelah kopi bodas sagala....bari ditampi disuruput matak
waas nu nawiskeunna .........cik hoyong uninga nu kumaha bungkusna Ma,
bari namprakkeun dampal pananganna nu katuhu......

Na ari eta .........bungkus kopi katampi ku anjeunna .........semu rada
reuwas tea ............ Alah...Baruk Kopi Luwak Kopi Bodas teh? 
Ari nu janten sepuh.........ngiring reuwas ......... teuing ath
......naha naon kitu mun Kopi Luwak............
Bari rada teu merenah hate.........nya drekdek ....didongeng keun naon
nu matak disebutna Kopi Luwak.

Ath...nu janten sepuh teh, reuwas kabina-bina.........bari malik naros
ka tuang putra .........kumaha ath Jang Haji mun tos
kieuw.........mangkaning sering ema jeung sibapa mah.........da geuning
mun jangar teh, cageur mun tos nginum eta kopi teh............

Geuwat kg Haji ngawaler kalawan daria ............ah tenang wae Ma, naon
wae oge saupamina ngajadikeun kamaslatan kasehatan pikeun urang mah teu
naon-naon.

(bari bingung kg haji ngomong sorangan kadirina, ari urang nu jagjag
kieu kumaha ath hukumna ...... ari sikuring nu nalingakeun mah
nyeungserikeun bakat ku pikaseurieun tumanya kadiri eta
kumaha.........padahal kopi bodas geus beak di uyup kumanehna nu fanatik
kana kayakinanna ......)

Dicutat tina : obrolan sikuring jeung kg haji batur ulin keur leutik
baheula, nalika dina poean Lebaran kamari

Baktos.
Sulkan, M. 

Kirim email ke