Enya kalebet trafficking jelema, da buktina ceuk Pamerentah keneh yen pengiriman TKI (TKW) ka luar nagari nghasilken Devisa anu cukup besar. Jadi jelas ngudagna kauntungan, sanes kitu? Da ceuk prinsip ekonomi oge nyebatkeun "Modal anu minim, baris nghasilkeun kauntungan sagede-gedena". Janten pamarentah dina otakna anu aya duit jeung duit........kumaha we meureun anu penting jadi duit, henteu paduli ejekan Malaysia yen Indonesia teh nagara babu-Indon. Daek benghar 7 turunan, kuring mah sumpah mun eta Pamarentah can nyabut pengiriman TKW (Babu/Jongos) ke luar nagari, kuring mah mun aya PEMILU moal nyoblos rek cicing bae di imah. Kuring satuju pisan upamai pamarentah ngirim TKI anu boga pendidikan/skill jeung kompetensi anu bisa berkompetisi di tingkat global, lain TKI jongos! Ti Sabang sampe Merauke, kakayaan alam anu melimpah ruah bahan mineral dari migas, timah, mas, batubara, logam, besi, karet, sawit, rempah-rempah, jeung aneka ragam sejenna, piraku negara urang henteu bisa mere lapangan pagawean ka rahayatna. Eta pangiriman TKW ka luar nagari tanda pamerah urang hanteu becus ngurus nagara. Eta jelema anu asup jadi politisi mun kampanye sok gede wadul, da buktina mun geus diuk dina korsi kadudukan, teu jauh jeung pasang BALIHO, pamer beungeut ka masyarakat, supaya masyarakat inget bae ka eta jelema. Jadi poho kana janji, bari pura-pura bego jiga kebo keur di yudo bodo katotoloyo. Lain bodo saenyana mah, nandakeun kapinteran manehna, buktina rakyat dijieun bodo, mun rakyat pinter, belum tangtu eta jelema bisa naik korsi jabatan. Senjata politisi teh nyaeta "miara kabodoan jeung kasusah masyarakat". Mun rakyat pinter kabeh jeung sajahtera kabeh, atuh hese mun si UJANG JADI hayang jadi Bupati. Jadol .............. Punten dulur, wargi sim kuring ngacaprak, sanes stress, tapi kehel ningali kaayaan jaman kiwari. Salam, SPS
Dari: Kumincir Wikidisastra <[email protected]> Kepada: [email protected] Dikirim: Selasa, 6 September 2011 14:05 Judul: Re: [kisunda] Too Young To Serve lamun can cukup umur luyu jeung aturan hukum, teu kudu diimplik2an jaminan kasalametan, tangtu kaasup trafficking. tapi pan nu ngirimna lain pamarentah. nu ngirimna PJTKI, boh nu legal/resmi atawa bener2 jelema sulundupan. pamarentah arepkeuneun? heuheuy deuh, pamarentah boga kasibukan sorangan, dpr boga kasibukan sorangan, rahayat nya usaha we sorangan... mun teu butuh pikeun kaperluan administrasi, bener2 geus diduruk yeuh ieu KTP... 2011/8/30 Ki Hasan Lamun pamarentah ngirim tanaga pembantu bari teu dijamin kasalametanana, sarua jeung "trafficking" henteu nya? >
