Uing rek nguatan pamadegan Mh, yen dina sajarah para Nabi, memang (calon)
para Nabi teh diangkat/ diistrenan jadi Nabi-na nalika keur ngora keneh, ya
sabangsa umur 40-an dina kolotna oge. Terus sababaraha kisah para Nabi as
mere conto, anu sepuh, lain wae masyarakat umum - malah anu masih dina
posisi Nabi - teh ngahormat pisan ka Nabi anu ngora. Contoh kajadianana:
kasus Nabi Yusuf as sareng Nabi Yakub as. Nabi Yusuf as dilantik jadi nabi
nalika Nabi Yakub as masih aya dikieuna, masih jagjag malahan mah (tiasa
keneh angkat-angkatan ti Kan'an - Palestina ayeuna - ngajugjug ka Tabes -
Kairo/ Mesir ayeuna). Nabi Yakub as lain wae ngangken sareng patuh kana
kanabian Nabi Yusuf as, malah dina kahiji kasempetan anjeunna, sareng bojona
sareng 11 puterana anu dulur-dulurna keneh Nabi Yusuf as, sujud (salaku
tanda ngahormat) ka Nabi Yusuf as.

Rada norolang nyaritakeun lalakon Nabi Yakub as sareng puterana, Yusuf as,
teh dumeh sabagean gede waktu salila bulan puasa kamari deusi ku "tadarus"
nonton film haratis tina internet ngeunaan lalakon Nabi Yusuf as.

manar


2011/9/15 Ki Hasan <[email protected]>

> **
>
>
> Tong hilap Kang Pudin. Sainget uing, tina sajarah para nabi, asa can kungsi
> meunang beja aya nabi aki-aki. Eta nu pinilih janten nabi panutan umat teh
> sok ti golongan nu ngarora wae. Mun info uing kurang lengkep, sugan aya nu
> meunang beja aya aki-aki dileler nabi, bejaan uing nya.
>
> Kulantaran kitu, geus lumrah ari nu ngaran pangkat jeung kadudukan mah teu
> milih umur nya. Kulantaran kitu teu kudu ngarasula mun urang boga dunungan
> leuwih ngora umurna.
> Hehehe
>
>
> 2011/9/13 Sp Saprudin <[email protected]>
>
>> **
>>
>>
>> Umur meunag rada luhur, da ngaborojol ka alam dunya heulaan kuring. Eleh
>> nyakola, ari manehna lulusan kanuragan S2 ti US tea, ari kuring produk lokal
>> boga S1 oge pas-pasan jeung boga IQ cap jongkok. Umur jauh pataut 10 taun,
>> eta budak ka aing teh bisa tutah titah, hebat nya, tapi ngalunjak eta budak
>> ka aing, culudur ka kolot teh!!!
>>
>> ha..ha...dunya...dunya......pinter mah teu nempo umur nyah, umur kolot ge
>> mun odob mah odob bae....teu bisa nanjak....
>>
>
>  
>

Kirim email ke