Tadi di warung kejo, rarat-reset neangan piring, teu manggih.
Da ceuk pikiran teh, nu ngaranna piring, naon wae bahanna,
rek dina kaleng, seng, plastik, keramik, jeung sajabana, pasti
wanguna buleud. Mun teu buleud, pasti lain piring.

Ret ka juru, aya nu dempak, pasagi opat, numpuk. Batur nu
rek dalahar pating giriwil ngajingjing nu dempak tea. Beu, ieu
meureun piring na teh.

Sihoreng desain piring ge nya geus teu kawengku ku kailaharan,
jiga aturan puisi. Geuning kiwari mah kaci we rek rupa wangun
naon oge, rek juru tilu, pasagi opat, kuma karep. Nu penting mah
bisa dieusina kejo.

Hehehe

Kirim email ke