Pok we ieu mah. Ajot jeung Joni teh budak lembur Cinangkarak Bengkang, kaitung
budak remaja anu harita masih keneh diuk di kelas II SMA. Budak dua ieu
nyobatna geus lila, ibarat ka cai jadi saleuwi, ka darat jadi salegok. Dimana
aya Ajot di dinya pasti aya Joni.
Kacaritakeun, basa balik sakola budak dua teh lain langsung ka imah, tapi ulin
heula. Tempat ulin anu dijugjug nyaeta Pos Ronda, tempat barudak kampung
ngumpul, da maklum di lembur mah henteu aya tempat pangulinan henteu jiga di
kota. Di pos ronda geus ragem budak sejen anu geus ngumpul.
Ajot jeung Joni oge barudak anu aya di Pos Ronda lain rek maen gaple atawa
kartu remi, tapi hahaleuangan jiga artis dina TV, bari mawa gitar merek Genta
anu sadana teh jrang ...jreng.....gitar kamana, sora kamana, kadengena sumbang
ceuli asa torek.
Bosen hahaleuangan, maranehna teh sok eleg ku obrolan anu pikaseurieun. Kieu
obrolan maranehna teh henteu jauh tina tatarucingan.
Joni : Jot, kunaon manusa dahar kejo
Ajot : Ah geus ti dituna
Joni : Ti ditu ti mana
Ajot : Ti karuhun urang, da coba mun karuhun urang dahar beling, atuh maneh oge
ayeuna dahar beling
Joni : Ari karuhun urang saha?
Ajot : Prabu Siliwangi meureun
Joni : Oh, pantesan maneh jiga maung
Ajot : Anjrit sia
Joni : Ha..ha..ha...
Ajot : Aing oge boga Jon picaritaeun, coba kunaon awewe sok mindeng ngarumpi
Joni : Geus kodratna awewe mah kitu
Ajot : Ah lain kitu
Joni : Lain kitu kumaha, da dimana-mana awewe mah loba pamenta jeung loba
omong, geus kodratna
Ajot : Ah salah, sababna awewe sok mindeng ngarumpi kulantaran boga biwir opat
nyaeta luhur dua jeung handap dua
Joni : Jadol siah