> From: [email protected] [mailto:[email protected]] On
> Behalf Of Ki Hasan
> Tah geus rada areling jigana nu diberendo teh. Geus boga kahayang nu hade.
> Hayang lebaran bareng guyub jeung tatangga
> ===
> Menteri Agama Akan Satukan Kriteria Penetapan Lebaran
> Rabu, 21 September 2011 | 15:49 WIB
> ====
Tah enya satuju pisan lamun aya kompromi teh. Kompromi keur kapentingan
sarerea, bisa ditempo dina Pananggalan Masehi, khususna dina nangtukeun Garis
ganti Tanggal (IDL= International Date Line). IDL teorina kudu di Garis Bujur
180 darajat (GB-180) nu posisina di Sagara Pasifik nu jarang jelemaan. Jarang
jelema, lain hartina euweuh pisan jelemaan, GB-180 motong daratan benua Asia
(Siberia) jeung motong nagara-nagara Pulo-pulo leutik di Sagara Pasifik Kidul
(Kiribati, Tuvalu, Fiji). Di lokasi-lokasi ieu, lamun Garis Tanggal (IDL)
keukeuh dipaksakeun di GB-180, bakal ngalieurkeun penduduk sabab aya dua
tanggal. Nu di kuloneun GB-180 tanggalna geus maju, nu diwetaneun GB-180
tanggalna samemehna. Supaya teu kajadian kitu, di nagara-nagara nu kaliwatan
GB-180, IDL DIBELOKKEUN supaya teu kajadian aya dua tanggal. IDL bisa
dibulak-belok jeung teu jadi masalah, sabab IDL lain hal nu sakral atawa
disakralkeun, IDL dijieun tina kasapukan jelema.
Ieu beda jeung dina nangtukeun 1 Syawal, nu karasa teh nuansa kasakralanana anu
kuat tibatan urusan kapraktisanana, akibatna nu kaluar ti masing-masing teh
"harga mati", siga nu moal bisa dikompromikeun. Tapi naha bener teu bisa
dikompromikeun? Nyanggakeun we kanu di "bendo".....
WLY
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/