Enya leres Kang Deni, tapi nu kasieunan ku pangaruh Tiongkok teh sanes Amerika
wae, tapi nagara-nagara di Asia Tenggara oge, malah mungkin paling kasieunan
tibatan Amerika, maklum pacaket jeung aya nu patepung tapel wates. China alias
Tiongkok ngincer Laut China Kidul nu beunghar ku Sumber Daya Alam. Angkatan
Lautna geus sababarha kali bentrok jeung Vietnam/ Philipina. Matak teu aneh
lamun Vietnam nu tadina musuh gerot Amerika ayeuna malah siga nu nyobat, malah
kungsi ngondang Armada kapal perang Amerika sagala.
Kumaha Indonesia? Untungna rada beulah kidul, teu padeukeut teuing. Jeung urang
Indonesia mah masih pabeulit urusan dalam negerina, baroraah mikir kadinya. Nu
penting pasir beusi, sirkon ...jeung sagala rupa "barang mentah" payu diekspor
ka China. Engke baralik deui jadi barang murah. Untung pan ? (duka ceuk urang
China, duka ceuk Tauke urang Indonesia ....Hahahaha)
WLY
> Deni Indra Kelana <lee_kelana@...> wrote:
>
> Ari saur abdi mah anu suudzon, ujung-ujungna pakait sareng pangaruh politik
> antar nagara. pami urang narima nya tos dipastikeun moal tereh-tereh leupas
> tina kungkungan kapentingan Amerika di kawasan pikeun ngabendung pangaruh
> Tiongkok. Ekses sanesna oge nga-ayun-ambingkeun urang tina strategi
> kamandirian jangka panjang pertahanan ku tetep gumantung kana pamere batur.
> Da jelas keur Amerika mah ibarat miceun rongsokan. Manehna mah tos sayaga
> pikeun peperangan model anyar, malah nyiptakeun pesawat jang nyerang nagara
> mana wae di sakuliah jagat dina itungan
> menit. Ari urang masih ulukutek we mulungan urut batur.
>
> Cenah mah sawatara waktos kalangkung pesawatna kantos ilang basa dites,
> mangga ilo beritana di handap.
>
>
> Hapunten teu disundakeun.
------------------------------------
Yahoo! Groups Links
<*> To visit your group on the web, go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/
<*> Your email settings:
Individual Email | Traditional
<*> To change settings online go to:
http://groups.yahoo.com/group/kisunda/join
(Yahoo! ID required)
<*> To change settings via email:
[email protected]
[email protected]
<*> To unsubscribe from this group, send an email to:
[email protected]
<*> Your use of Yahoo! Groups is subject to:
http://docs.yahoo.com/info/terms/